INNA LILLAAHI WA INNA ILAIHI ROJI�UN

Parantos mulih ka jatina, seja mulang ka asalna ku Kersana Anu Kawasa,

Ki Sobat :

Drs. Bambang S. Suparman (51 taun)

Dina dinten Salasa/Pahing ping 29 Juni 2004 M./11 Jumadil Awal 1425 H.

Jam 03.00 WIB di Rumah Sakit Kartina Kota Bekasi

Dikurebkeun di Cisalak, Kabupaten Subang

 

Ieu Redaktur Pelaksana Tabloid WIBAWA MUKTI Pemkab Bekasi, Protokoler Pemkab Bekasi, 
Manten Kepala Pariwisata Kabupaten Bekasi, Pembina Ikatan Abang Mpok (IAM) Kabupaten 
Bekasi, Kepala Bagian Humas DPRD Kabupaten Bekasi sareng sagudang kalungguhan anu 
sanesna teh kaserang kanker usus, ti kawit sasih Januari 2004 tug dumugi ka hanteuna.

 

Katineung (pribadi) kuring ka anjeuna :

Drs. Bambang Supardi Suparman teh �inohong� pamarentahan di Kabupaten Bekasi anu wedel 
kanyaahna kana Budaya Sunda, utamina Seni jeung Basa Sunda. Seniman Sunda Sa Jawa 
Barat pasti uninga, yen di Gedong anu kacida luhur ajenna di Kabupaten Bekasi, nyaeta 
di Gedong �Wibawa Mukti� (ku alpukah anjeuna) kungsi digelar Seni Sunda nu 
pang-nyundana, nyaeta �Tembang Sunda/Cianjuran� di payuneun Kangjeng (Dalem) Bupati 
Bekasi sinarengan Ibu, diluuhan ku sakumna Seniman Wewengkon Bekasi, "Pejabat Teras" 
Pemda Kabupaten Bekasi, para Camat sarta seniman seniwati (Tembang Sunda) satatar 
Sunda sareng DKI Jakarta, utamina ti Bandung, Garut, Cianjur, Sukabumi, Bogor, Subang, 
Karawang, teu kakantun Pakempelan Tembang Sunda Dharma Wanita UNPAD Pimpinan Ibu Dedah 
Abu Memet (garwana Bapa DR. Ir. Tadjudin Surawinata, MS). Atuh dina perkara miara basa 
Sunda, kuring sorangan anu karagragan �curuk� anjeuna, saheulaanan "pangomeankeun basa 
Sunda" para Mojang jeung Jajaka (Moka) Kabupaten Bekasi samemeh
 dikirim ka �kontes� MOKA Jawa Barat, kitu saur anjeuna nalika nyepeng (keneh) 
kalungguhan Kepala Dinas Pariwisata. Anapon rarancang anjeuna anu teu acan 
kalaksanakeun, da nyaeta kabujeng teu damang tea, nyaeta ngadegkeun Lingkung Seni 
Sunda di Lingkungan Pemkab Bekasi. Ngan sok sanajan kitu, kuring teu ngarasa 
kahutangan da konsep kuring sakumaha pamundut anjeuna, alhamdulillah parantos 
disanggakeun ka anjeuna dina selang waktu dua minggu.

 

Sakitu katineung anu teu weleh ngalangkang mun ras emut ka anjeuna, nu ayeuna kantun 
waasna ..........................  Inna lillaahi wa inna ilaihi roji�un.

Panuhun ka para wargi sadaya, pamugia rido galih maparin du�a, mugi Gusti Nu Maha Suci 
ngahapunten sagala rupining kalepatanana, nampi iman islamna, sarta maparin tempat anu 
lugina kanggo anjeuna, aamiin. Salajengna geusan hirup-huripna Budaya Sunda di Bekasi, 
mugi Gusti Nu Maha Suci  maparin (pejabat) gentosna anu langkung sae batan anjeuna. 
aamiin.

 

Hatur nuhun.


                
---------------------------------
Do you Yahoo!?
Yahoo! Mail - 50x more storage than other providers!

[Non-text portions of this message have been removed]



------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Yahoo! Domains - Claim yours for only $14.70
http://us.click.yahoo.com/Z1wmxD/DREIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
     http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
     [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
     http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke