Tina salah sahiji katerangan da'i kondang, kaayaan tatar sunda kiwari jigana bisa digambarkeun lir 'leuweung kaleungitan maung'. Ari maung teh cenah ibarat peurahna leuweung. Hirup huripna leuweung aya patalina jeung 'eksistensi' maung. Lamun maung aya keneh bejana, aya keneh cicirenna, aya keneh gerem sorana, jelema nu rek saba ka leuweung teh bakal mikir sabara jumpalitan, da sieun keu maung. Tah lamun maung tea, geus teu aya bejana-bejana acan, atuh laluasa pisan saha wae, rek jurig jarian oge, bisa larsup. Antukna leuweung beak digalaksak.
Cenah 'maung' na lembur teh taya lian, tokoh agama, tokoh masayarakat, para pamimpin ti eta lembur. Lamun dihiji lembur geus kaleungitan 'maung', balukarna lembur bakal digalaksak. Buktina korupsi di tatar sunda teh geuning pang nyongcolangna. Rek teu kitu kumaha, apa cenah 70% wakil rakyatna oge lain US. Malah tina artikel PR, mun teu salah nya, tina sapuluh pengusaha, US na mah ngan tiluan. Meureun 'maung' jaman kiwari mah teu cukup ku jirim anu aya bungkeuleukannana. Tapi kudu jadi kawijakan anu bisa ngatur sarta mawa maslahat ka US. Wallahualam. MH --- Ade Arief K <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > wah geuningan rame nya paguneman presiden vs ki > sunda (versus teh > basa sundana naon nya ?) > > Kanggo ngabandingkeun mah anu sederhana we lah nya, > henteu kedah > jauh kana presiden. cobi tingali di pasar tegal > lega,pasar baru, > sampe ci baduyut ! geuningan nu sok daragang teh > geus ganti jadi ku > urang peuntas (padang) jeung wetan komo padagang > kaki-lima mah > meuweuh ku semah wungkul. tingali di terminal > cicaheum,leuwi panjang > geuningan jeger-na teh lain urang sunda tapi sarua > urang peuntas. > > Tina conto2 nu luhur, naha ieu teh totonden atanapi > cirining urang > sunda henteu tahan uji dina persaingan ? dagang teh > sakapeung mah > pinuh ku strategi malahan mah sok aya nu nipu > sagala. Komo ieu dina > widang pulitik, kudu rada kandel kulit beungeut > cenah mah,jelas > pisan pasipatan nu tojaiah jeung ki sunda. > > Tapi tetep, ki sunda kudu nanjeur boh dina widang > pulitik,elmu > pangaweruh,usaha/ekonomi, bari jeung teu leungiteun > kana purwadaksi > jeung kasundaan urang.Hiji nu kudu diropea teh, nya > eta mental urang > nu kudu wani adu jajaten jeung suku sanes dina > sagala widang, entong > elehan,entong kumeok memeh dipacok, entong ngarasa > kelas kadua jrrd. > > > wassalam > Ade A. Komara > > > > > --- In [EMAIL PROTECTED], "MANG N'JUH" > <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > basa iraha ? jawab basa kamari tea pan ? > he.he...he... > > ----- Original Message ----- > > From: "Hasan Supriadi" <[EMAIL PROTECTED]> > > To: <[EMAIL PROTECTED]> > > Sent: Wednesday, June 30, 2004 8:26 AM > > Subject: Re: [UrangSunda] Re: Peluang Ki Sunda > jadi Presiden > > > > > > > hehehe... > > > punten Kang Heri sanes "Bahasa Sunda", tapi > langkung pas > upami "Basa > > Sunda"... > > > > > > > > > ^_^ > > > > > > > > > ----- Original Message ----- > > > From: kangheri > > > Subject: [UrangSunda] Re: Peluang Ki Sunda > jadi Presiden > > > > > > > > > ngaku sunda kudu pake bahasa sunda atuh! > > > > > > > > > [Non-text portions of this message have been > removed] > > > > > > > > > > > > > > > Komunitas UrangSunda --> > http://www.UrangSunda.or.id > > > > > > Yahoo! Groups Links > > > > > > > > > > > > > > > > > __________________________________ Do you Yahoo!? Yahoo! Mail - 50x more storage than other providers! http://promotions.yahoo.com/new_mail ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Yahoo! Domains - Claim yours for only $14.70 http://us.click.yahoo.com/Z1wmxD/DREIAA/yQLSAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

