Lain ari kuring mah sok rada helok ku hasil perhitungan "Quick 
Count" nu bisa ampir cocog jeung hasil perhitungan nu sabenerna. 
Waktu hasil "Quick Count" diumumkeun, jumlah sora anu asup ka KPU 
kurang ti 20 juta. Ayeuna sanggeus sora pamilih leuwih ti 80 juta, 
Tetep prosentase perhitungan "QUick Count" henteu geseh jauh jeung 
hasil perhitungan KPU. QC, nu sabenerna mah elmu statistik geus 
nunjukkeun kumaha ampuhna ieu elmu dina ngaprediksi hasil Pemilu 
kalawan akurat.

Ngan, keur para politisi team sukses Capres anu meunang sora diluar 
target mah, hasil "QC" ieu teh jadi pikakeuheuleun. LOba komentar 
anu ngaragukeun hasil "QC" nepi ka nuduh team TI KPU ngarekayasa 
waktu ngasupkeun data, supaya dicocog-cocogkeun jeung hasil 
perhitungan "QC". Anu lucu, nu paling ngaragukeun hasil QC teh salah 
saurang nu boga gelar Professor Ekonomi ti universitas kasohor. 
Lucu, kusabab manehna ngaragukeun metoda hiji elmu anu sabenerna mah 
dipake pisan dina widang perekonomian kaasup ku manehna!

Jadi? kuring jadi bingung kunaon sang professor ieu jadi "emosional" 
henteu rasional deui (maklum keur jaman istilah pamilih "emosional" 
jeung pamilih "rasional" ..........hehehehehe)

WALUYA






------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar.
Now with Pop-Up Blocker. Get it for free!
http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke