--begin of file-- DANGDANGGULA
1. Bismilahi kawit nu ditulis, budi-daya pamedaring Samad, dupi Samad tegesna teh, kawit ,dongeng Karuhun," nu berbudi Bujangga asli, tawisna nampi Ilham, waspada saestu, margi nu sipat Bujangga, titi-surti kukuh-pengkuh ati-ati, tulisan ngemban lisan. 2. Ki Bujangga ujaring maranggi, ditampina ku tawis pertanda, tangtos moal sapagodos, gelar-galur dua-tilu, reh nul-nutkeun jalanna dangding, sami gaduh ukiran, tah eta teh kitu, nu mutkeun pinter rajinna, nu perceka ingkar tina basa Kidib, ngantun kana hianat. 3. Salamina amanat tur Tamblig, Sidik-bener Amanat percaya, Tamblig ngalampahkeun sae. Hak hukumna bener Wujud, bebenetan purwaning Kawit, Kawit babatan Asal, Kama-KamiKamu, mangga nyanggakeun terasna, anu nyalin percanten ka parawargi, nyanggakeun saterasna. 4. Kieu kawit ujar ki Musanip, nyarioskeun Ratu nu baheula, aya sahiji Karaton, ngajajah para Ratu, nelahna Prabu Siliwangi, di Pakuan Pajajaran, gaduh putra pamuk, gagah teu aya tandingna, Raden Putra Gagak Lumayung wawangi, katelah Kiansantang. 5 . Kakoncara harita sa Jawi, Majapait saderekna kalah ku Raden Lumayung jago, sadayana sami taluk, ku gagahna sami alajrih, taya: nu wantun ngunghak, ka Raden Lumayung, malah danget harita mah, ku ramana dijenengkeun Senapati, Pahlawan Pajajaran. --end of file-- Tah...baraya. Bililih hoyong terang salajengna carita di luhur mangga lebet ka milist us di yahoogroups. Pilih link file teras lebet ke diroktory wawacan. Wasalam, DURAHMAN ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Yahoo! Domains - Claim yours for only $14.70 http://us.click.yahoo.com/Z1wmxD/DREIAA/yQLSAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

