hee...he...tong hilap kang, nu namina professor, sami jelema oge sok getas harupateun lamun keur keuna cocoba.Teu ngajamin hiji professor leuwih dewasa ti tukang sado dina narima pamanggih batur.
Tapi ketang lain sok suudzon ka lembaga anu ngaluarkeun quick count tea,nu namina statistik teh prediksi/estimasi atanapi erongan ka hareup. dina ngayakeun estimasi oge aya nu ngaranna asumsi-asumsi (anggapan-anggapan) nu dihaja dijieun pikeun nyaderhanakeun masalah anu memang komplek (pabaliut) Tah didieu kualitas asumsi-asumsi-na kadang kawis sok di tumpangan ku sponsor jeung bisa dimungkinkeun. contona dina nangtukeun sample,jumlah sample,daerah mana nu kudu di jadikeun tempat panalungtikan jrrd. Kanggo ngabukitkuen kacurigaan ieu teh bener atawa henteu, nya tungguan we hasil akhir pamilu engke. caaaggg !!! wassalam Ade --- In [EMAIL PROTECTED], "waluya56" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Lain ari kuring mah sok rada helok ku hasil perhitungan "Quick > Count" nu bisa ampir cocog jeung hasil perhitungan nu sabenerna. > Waktu hasil "Quick Count" diumumkeun, jumlah sora anu asup ka KPU > kurang ti 20 juta. Ayeuna sanggeus sora pamilih leuwih ti 80 juta, > Tetep prosentase perhitungan "QUick Count" henteu geseh jauh jeung > hasil perhitungan KPU. QC, nu sabenerna mah elmu statistik geus > nunjukkeun kumaha ampuhna ieu elmu dina ngaprediksi hasil Pemilu > kalawan akurat. > > Ngan, keur para politisi team sukses Capres anu meunang sora diluar > target mah, hasil "QC" ieu teh jadi pikakeuheuleun. LOba komentar > anu ngaragukeun hasil "QC" nepi ka nuduh team TI KPU ngarekayasa > waktu ngasupkeun data, supaya dicocog-cocogkeun jeung hasil > perhitungan "QC". Anu lucu, nu paling ngaragukeun hasil QC teh salah > saurang nu boga gelar Professor Ekonomi ti universitas kasohor. > Lucu, kusabab manehna ngaragukeun metoda hiji elmu anu sabenerna mah > dipake pisan dina widang perekonomian kaasup ku manehna! > > Jadi? kuring jadi bingung kunaon sang professor ieu jadi "emosional" > henteu rasional deui (maklum keur jaman istilah pamilih "emosional" > jeung pamilih "rasional" ..........hehehehehe) > > WALUYA ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Yahoo! Domains - Claim yours for only $14.70 http://us.click.yahoo.com/Z1wmxD/DREIAA/yQLSAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

