Padahal mah parantos aya Undang-undangna di Bakus, sareng sakumna situs basa Sunda 
lianna, luyu sareng tujuan aya sareng diayakeunana babakan Kusnet (khususna), nyaeta 
pikeun ngamumule basa Sunda.
Mung bae....., sigana seueur anu teu acan maca, henteu maca atanapi api-api teu acan 
maca eta undang-undang.  
Tambihan padamelan deui kanggo para Kuncen Bakus (heuheuheu...punten yeuh...!!!), 
supados ngabewarakeun deui undang-undang/aturan di Bakus supados pada ngagunakeun basa 
Sunda, disagigireun kedah ngeusi "data-base".
Sok lah tingawitan dinten Senen ping 12 Juli 2004 mah urang satiasana-satiasana 
ngagunakeun basa Sunda, tong sieun lepat da moal didenda atanapi dihukum, teu acan 
wantun nyerat, atuh ngiring-ngiring mairan heula, " asal aya kahayang tangtu aya 
kabisa" , prung.............................
 
Pihatur
SSW
  
oman abdurrahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
 
Bewara ka sadaya anggota milist,
Aya amanat ti moderator milist kisunda, posting ka milist kisunda (oge milist 
kasundaan an nu sanesna), satiasa-tiasa kudu migunakeun basa Sunda. Keun bae 
tidaregdog oge, da lila mah tangtu lancar. Geuningan urang Sunda anu palinter basa 
Inggris atawa basa seler sejenna, tangtu keur ngamimitian mah ti datatarajong. Upama 
tetep heunteu migunakeun basa Sunda, ulah disalahkeun nu sejen dina waktuna 
kaanggotaan netter anu heunteu migunakeun basa Sunda eta dikaluarkeun ti milist.
Basa teh salah sahiji pananda budaya. Kitu di satiap bangsa naon bae. Lamun di milist 
anu ngarojong kabudayaan daerah geus heunteu mulasara basana, atuh dimana deui tempat 
pikeun mulasara basa daerah? 

Baktos,
manAR




[Non-text portions of this message have been removed]



------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Yahoo! Domains - Claim yours for only $14.70
http://us.click.yahoo.com/Z1wmxD/DREIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke