Pamendak sim kuring mah kieu :
1. Tujuan dibukana milis sunda teh pan kanggo
ngaraket-keun babarayaan US sadaya,
ngenalkeun/ngawanohkeun deui basa + budaya sunda teu
diwates ka urang sunda wungkul. Saluyu + eta tujuan,
dina ngeusian milis ieu jigana langksung sae upami
ngagunakeun basa sunda. Soal kana bener jeung henteu
atas alus kasarna basa nu digunakeun, teu nanaon. Dina
hal ieu ka saha wae anu uninga atanapi mendakan
kecap/kalimat anu salah disumanggakeun ngomean
kasalahannana tug bisa jadi bener. Ka anggota (kalebet
kuncenna) anu diomean basana, wayahna ulah ambek bin
bendu sabab kasalahan mah bisa ninggang di saha wae.
2. Lamun aya baraya (US) anu ngagunakeun basa lianna,
jigana kirang pas. Sakuduna si "pendatang" ka hiji
lembur kudu bisa ngagunakeun basa nu digunakeun di eta
lembur. Kumaha lamun can bisa basa sunda ? Di agama
wae lamun can bisa mah sok dihampura, komo di dieu.
Milis ieu bisa dijadikeun alat diajar basa sunda,
guruna sakabeh anggota milis.
3. Anu pang wenangna negor anggota nu ngagunakan basa
lian ti sunda tangtuna para kuncen. Tapi pan di milis
ieu oge dibeunangkeun ngirim berita ku basa lian ti
sunda tapi make "prolog" heula saperti "Ieu aya beja
ti milis tatangga, manawi tiasa nambihan informasi,
punten can disundakeun". Jadi di ieu milis ceuk sim
kuring mah teu kaku-kaku teuing.
Sakitu manawi tiasa katampi, punten bilih aya
kecap/basa anu kirang merenah dina manah, mugia tiasa
nawakup sihapuntenna.

Wassalam
Jaka
--- durahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Mun aya nu maksa nganggo basa indonesia atawa maksa
> nganggo basa ingris
> misalna bade di kumahkeun, kang? Diingkeun kuen wae
> atanapi di pasihan
> peringatan? Atanapi dikaluarkeun ti anggota milist?
> 
> Wasalam,
> DURAHMAN
> 
> ----- Original Message -----
> From: oman abdurrahman <[EMAIL PROTECTED]>
> To: <[EMAIL PROTECTED]>
> Sent: Sunday, July 11, 2004 10:08 AM
> Subject: [UrangSunda] Gunakeun Basa Sunda
> 
> 
> > Bewara ka sadaya anggota milist,
> >
> > Aya amanat ti moderator milist kisunda, posting ka
> milist kisunda (oge
> milist kasundaan an nu sanesna), satiasa-tiasa kudu
> migunakeun basa Sunda.
> Keun bae tidaregdog oge, da lila mah tangtu lancar.
> Geuningan urang Sunda
> anu palinter basa Inggris atawa basa seler sejenna,
> tangtu keur ngamimitian
> mah ti datatarajong. Upama tetep heunteu migunakeun
> basa Sunda, ulah
> disalahkeun nu sejen dina waktuna kaanggotaan netter
> anu heunteu migunakeun
> basa Sunda eta dikaluarkeun ti milist.
> 
> 
> 
> 
> ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor
> --------------------~--> 
> Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion
> Toolbar.
> Now with Pop-Up Blocker. Get it for free!
>
http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
>
--------------------------------------------------------------------~->
> 
> 
> Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
>  
> Yahoo! Groups Links
> 
> 
>     [EMAIL PROTECTED]
> 
>  
> 
> 



                
__________________________________
Do you Yahoo!?
Yahoo! Mail is new and improved - Check it out!
http://promotions.yahoo.com/new_mail


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Yahoo! Domains - Claim yours for only $14.70
http://us.click.yahoo.com/Z1wmxD/DREIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke