Sae eta maksad teh Kang Oman, tapi tong saklek teuing
nya. Katinggalna member milist ieu cukup heterogen,
misalna aya Mas Nasir nu ti wetan, terus aya Kang
Ruslee terah Sunda nu tos jadi warga Malaya. Jigana
masih keneh aya anu lianna oge. Kulantaran kitu memang
perlu waktu keur ngalaksanakeun eta maksad teh.
Ieu mah toongan kuring nya. Aya tilu mulis sunda nu
salila leu ku kuring dititenan teh. Nyaeta UrangSunda,
KiSunda, jeung GankLeboy. Memang seueur nu sanesna anu
jejerna mawa pesen kasundaan. Eta tilu milis teh
jigana geus mawa ciri sorangan sacara alamiah. Urang
GankLeboy mah umumna resep ngawangkong, ngalor-ngidul.
Ari UrangSunda mah rada sarieus tah obrolana teh.
KiSunda mah lain deui, rada leuwih heterogen.
Kulantaran kitu basa panganteuna oge campursari,
direumbeuy.
Kulantaran kitu jigana keur KiSunda mah keun wae jiga
kaayaan ayeuna, anu penting mah jejerna masih keneh
masalah kasundaan. Boh masalah sastra, budaya, agama,
atawa nu lianna anu aya pakuat-pakaitna sarenag urang
Sunda. Ku cara kieu mudah-mudahan bisa ngajaring
sagala lapisan masyarakat dina adu renyom masalah
kasundaan. Wallahu A'lam.
Salam,
MH
--- oman abdurrahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Bewara ka sadaya anggota milist,
>
> Aya amanat ti moderator milist kisunda, posting ka
> milist kisunda (oge milist kasundaan an nu sanesna),
> satiasa-tiasa kudu migunakeun basa Sunda. Keun bae
> tidaregdog oge, da lila mah tangtu lancar. Geuningan
> urang Sunda anu palinter basa Inggris atawa basa
> seler sejenna, tangtu keur ngamimitian mah ti
> datatarajong. Upama tetep heunteu migunakeun basa
> Sunda, ulah disalahkeun nu sejen dina waktuna
> kaanggotaan netter anu heunteu migunakeun basa Sunda
> eta dikaluarkeun ti milist.
>
> Basa teh salah sahiji pananda budaya. Kitu di satiap
> bangsa naon bae. Lamun di milist anu ngarojong
> kabudayaan daerah geus heunteu mulasara basana, atuh
> dimana deui tempat pikeun mulasara basa daerah?
>
> Baktos,
> manAR
>
>
>
>
>
> ---------------------------------
> Do you Yahoo!?
> Take Yahoo! Mail with you! Get it on your mobile
> phone.
>
> [Non-text portions of this message have been
> removed]
>
>
__________________________________
Do you Yahoo!?
Yahoo! Mail Address AutoComplete - You start. We finish.
http://promotions.yahoo.com/new_mail
------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~-->
Yahoo! Domains - Claim yours for only $14.70
http://us.click.yahoo.com/Z1wmxD/DREIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~->
Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/