Uing mah teu ngarti nu kararitu. Namung ku nalar salancar ge kabayang lamun
nikah kaci disaksian ku Alloh wungkul, mana teuing rek tiap peuting we
ngawin awewe samanea, isukna di talak deui, sah, nikmat, teu doraka, lain
lacur, asup surga. Ngan edas bakal loba budak teu wawuh ka bapa jigana....

-----Original Message-----
From: Siddik Wiradireja [mailto:[EMAIL PROTECTED]
Sent: Monday, July 19, 2004 3:17 PM
To: [EMAIL PROTECTED]
Subject: Re: [UrangSunda] nikah siri caritanamah


Siga na mah eta rerencangan teh nganut/ngiring salah sawios aliran (?),
namung nikah nurutkeun agama mah pan kedah aya ;
1. Panganten pameget
2. Panganten isteri
3. Wali
4. Mahar/mas kawin
5. Saksi (minimal 1saksi tipihak panganten pameget sareng 1 saksi tipihak
panganten
    isteri).
6. Akad nikah
Kitu tah upami teu leupat mah, mangga tambihan kanu langkung uninga,
dihaturanan ka Mama ManAr kanggo ngabedah bab pernikahan. 
Wassalam
 
Pihatur
 
SSW
 

Puspita Widyamulya <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Nembe aya telp ti sobat waktos smp, anjeunna cariosnamah curhat cnah, 
ari pas say hello, ari pek anjeunna nyarios yen tos nikah ping 7 Juli 
kamari, ari abi ngajenghok, nikah?? naha teu ngondang??

Cenah nikah siri, walina Gusti Alloh, kedah mayar 500rb ka si 
Ajenganana minangkanamah cnah maharna, ari ditaroskeun naha sepuhna 
kedua pihak uningaeun henteu? henteu cnah... padahal duanana ge araya 
keneh, boh ibu rama ti pihak istri, boh ibu rama ti pihak pameget.

Nya abdi ngalepatkeun anjeunna, yen anjeunna tos kacekok ku 
salasahiji golongan nu ngahalalkeun nikah sapertos kitu bari sepuhna 
teu apaleun.. saksina seueur cnah, da umat golongan eta, duka teuing 
atuh da teu disebutkeun.. 

Anjeunna keukeuh yen sah...  naha pami sapatemon sah?? naha pami jadi 
budak budakna kumaha? naha kudu ditikahkeun deui???

Bingung yeuh, da anjeunna pas ku abdi dilepatkeun teh kalah jadi 
malik cua ka abdina... da telpna langsung ditutup, ke cnah ditelp 
deui.. Naha cnah Pupi teu ngucapkeun selamat??? da numutkeun abi mah 
lepat we, asa teu ngahargaan ka nu jadi kolot, sementara araya keneh, 
da mun apal mah sepuhna pastina ge ngamuk atuh.... 

Cik kumaha atuh ieu teh? da abdi mah teu apal nanaon masalah nu kieu 
mah.... Nyuhunkeun bantosanana..

~ipup~



------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Yahoo! Domains - Claim yours for only $14.70
http://us.click.yahoo.com/Z1wmxD/DREIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke