leres kitu eta tos syah sacara agama, upami tercatat di KUA teras didaftar dikantor
tah eta sah sacara nagara upami maca masalah nu ku neng pupi disebatkeun panginten
anjeuna ngiring/nganut salah sahiji aliran atanapi sempalan numutkeun aliran anu
dianutna sanaos ibu ramana ari teu saihwan sareng aliranana dianggap murtad.
sakedik nambihan biasana upami anu ngiring aliran tertentu teh biasana jalmina masih
teu acan kiat syareatna teras milarian kayakinan anu bener ceuk pangrasana, lamun geus
kacekok ku ajarana hese pisan kaluarna margi doktrina (naon sundana ? ) kiat pisan.
tapi aya oge sabagian nu dibukakeun hijab sareng nampi hidayah ti Allah swt anu tiasa
kaluar deui. ciri-cirina ayat-ayat alqur'an sok diplintir contona :
1. Allah teh mung nyiptakeun alam dunya, jalma jeung Al-Qur'an
2. Malaikat sareng jin teu aya tapi ceuk pamadegan maranehna malaikat teh jalmi anu
kacida hadena jeun Jin jalma anu kacida gorengna (kalakuan).
kanggo urangmah samentawis panggerana nyaeta rukun islam sareng rukun iman.
conto anu dua diluhur pan tos patojaiyah sareng ajaran islam.
wassalam,
----- Original Message -----
From: Siddik Wiradireja
To: [EMAIL PROTECTED]
Sent: Monday, July 19, 2004 3:17 PM
Subject: Re: [UrangSunda] nikah siri caritanamah
Siga na mah eta rerencangan teh nganut/ngiring salah sawios aliran (?), namung nikah
nurutkeun agama mah pan kedah aya ;
1. Panganten pameget
2. Panganten isteri
3. Wali
4. Mahar/mas kawin
5. Saksi (minimal 1saksi tipihak panganten pameget sareng 1 saksi tipihak panganten
isteri).
6. Akad nikah
Kitu tah upami teu leupat mah, mangga tambihan kanu langkung uninga, dihaturanan ka
Mama ManAr kanggo ngabedah bab pernikahan.
Wassalam
Pihatur
SSW
Puspita Widyamulya <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Nembe aya telp ti sobat waktos smp, anjeunna cariosnamah curhat cnah,
ari pas say hello, ari pek anjeunna nyarios yen tos nikah ping 7 Juli
kamari, ari abi ngajenghok, nikah?? naha teu ngondang??
Cenah nikah siri, walina Gusti Alloh, kedah mayar 500rb ka si
Ajenganana minangkanamah cnah maharna, ari ditaroskeun naha sepuhna
kedua pihak uningaeun henteu? henteu cnah... padahal duanana ge araya
keneh, boh ibu rama ti pihak istri, boh ibu rama ti pihak pameget.
Nya abdi ngalepatkeun anjeunna, yen anjeunna tos kacekok ku
salasahiji golongan nu ngahalalkeun nikah sapertos kitu bari sepuhna
teu apaleun.. saksina seueur cnah, da umat golongan eta, duka teuing
atuh da teu disebutkeun..
Anjeunna keukeuh yen sah... naha pami sapatemon sah?? naha pami jadi
budak budakna kumaha? naha kudu ditikahkeun deui???
Bingung yeuh, da anjeunna pas ku abdi dilepatkeun teh kalah jadi
malik cua ka abdina... da telpna langsung ditutup, ke cnah ditelp
deui.. Naha cnah Pupi teu ngucapkeun selamat??? da numutkeun abi mah
lepat we, asa teu ngahargaan ka nu jadi kolot, sementara araya keneh,
da mun apal mah sepuhna pastina ge ngamuk atuh....
Cik kumaha atuh ieu teh? da abdi mah teu apal nanaon masalah nu kieu
mah.... Nyuhunkeun bantosanana..
~ipup~
Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
Yahoo! Groups SponsorADVERTISEMENT
---------------------------------
Yahoo! Groups Links
To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.
[Non-text portions of this message have been removed]
Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
Yahoo! Groups Links
[Non-text portions of this message have been removed]
------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~-->
Yahoo! Domains - Claim yours for only $14.70
http://us.click.yahoo.com/Z1wmxD/DREIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~->
Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/