tah kang panzi kang ulle mendingan nikah siri we atuh...
ngarah bisa gunta-ganti sabulan dua kali mah..
pira ge mayar 500rb sakali nikah...

asa ku ngarareunah euy, eta aliranna sami sareng M.Nur S.Q tea..
anu nyandak istri ka Hotel...nikah siri....sareng bayarana teh cenah
eta artos anu dijantenkeun mas kawinna tea...isukna pas check -out ti hotel
sakalian di ceraikeun oge...

kitu tah gampang da uing ge lamun jadi ulama mah...
sebutkeun we halal...ini halal ...itu halal anu dipikaresep
mah..heuheuheu....


From: "Puspita Widyamulya" <[EMAIL PROTECTED]> on 19/07/2004 03:05 PM
Please respond to urangsunda


To: � � � [EMAIL PROTECTED]
cc:
cc: � � � �(bcc: Toni BKC0067 Sofian/BKCP/BKC)
bcc: � � � �Toni BKC0067 Sofian/BKCP/BKC

Fax to:

Subject:[UrangSunda] nikah siri caritanamah



Nembe aya telp ti sobat waktos smp, anjeunna cariosnamah curhat cnah,
ari pas say hello, ari pek anjeunna nyarios yen tos nikah ping 7 Juli
kamari, ari abi ngajenghok, nikah?? naha teu ngondang??

Cenah nikah siri, walina Gusti Alloh, kedah mayar 500rb ka si
Ajenganana minangkanamah cnah maharna, ari ditaroskeun naha sepuhna
kedua pihak uningaeun henteu? henteu cnah... padahal duanana ge araya
keneh, boh ibu rama ti pihak istri, boh ibu rama ti pihak pameget.

Nya abdi ngalepatkeun anjeunna, yen anjeunna tos kacekok ku
salasahiji golongan nu ngahalalkeun nikah sapertos kitu bari sepuhna
teu apaleun.. saksina seueur cnah, da umat golongan eta, duka teuing
atuh da teu disebutkeun..

Anjeunna keukeuh yen sah... �naha pami sapatemon sah?? naha pami jadi
budak budakna kumaha? naha kudu ditikahkeun deui???

Bingung yeuh, da anjeunna pas ku abdi dilepatkeun teh kalah jadi
malik cua ka abdina... da telpna langsung ditutup, ke cnah ditelp
deui.. Naha cnah Pupi teu ngucapkeun selamat??? da numutkeun abi mah
lepat we, asa teu ngahargaan ka nu jadi kolot, sementara araya keneh,
da mun apal mah sepuhna pastina ge ngamuk atuh....

Cik kumaha atuh ieu teh? da abdi mah teu apal nanaon masalah nu kieu
mah.... Nyuhunkeun bantosanana..

~ipup~









------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Yahoo! Domains - Claim yours for only $14.70
http://us.click.yahoo.com/Z1wmxD/DREIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke