Hapunten kang Junaedi simkuring nu kirang apal perkawis pendidikan ieu seja mairan seratan salira, Sumuhun simkuring sapagodos sareng pamaksadan salira rehna kanggo ngamajukeun ieu nagreg teh diperyogikeun SDM anu kualitasna unggul, sareng abdi oge sapagodos  perkawis "biaya pendidikan nu diaya-aya". Eta panginten anu diserat ku salira teh pamandangan nu aya di kota-kota, da abdi mah ngadangu biaya lebet TK oge mani muriding, sok ngemut mahal pisan nya elmu teh. Tapi naha enya eta biaya mahal teh dianggo kanggo proses transfer elmu ti guru ka siswa atanapi di anggo naon deui ??
 
Kantos abdi survey SD-SD di sekitar Cikarang selatan, naon anu diserat ku akang benten pisan sareng SD nu antawisna SD Cibatu (cakeut gema lapik) teras SD pasir sari 03 (caket Tegal Danas) sareng sababaraha SD nu aya di Sukaresmi. Wangunan na mantak sedih benten sareng SD nu sateuacan na ku abdi kalangkung di caket jalan utama, teras tanaga ngajar na oge mung saukur 2 urang (hiji kepsek, hiji guru) nu kedah ngajar murangkalih ti kelas hiji dugi ka kelas genep anu jumlahna sekitar 130-an. Punten ieu mah mung saukur ngawawaran rehna masih keneh aya sakola nu tebih tinu kecap layak. Ieu nembe di Cikarang komo di Subang atanapi di nagreg tatar sunda komo skalana Indonesia mah. Kondisi ieu teh mentak ngaheulas upami di bandingkeun sareng SD-SD sanes nu aya di wewengkon Cikarang.
 
Perkawis pertarosan salira upami ngaronjatkeun kualitas belajar sareng mengajar mah sanes tanggel waler orang tua murid kumargi proses belajar mengajar teh ayana di sakola, numutkeun pribados dina ningkatkeun kualitas proses belajar mengajar (PBM) ieu di peryogikeun strategi, komo karakteristik siswa teh apanan benten-benten tah supados daya serapna masing-masing siswa minimal rata diperyogikeun pendekatan ti guru ka murid janten tugas sareng tanggel waler pendidik teh ageung pisan dina ngabentuk SDM. Sepuhna mah/wali murid, ngagaduhan kawajiban kanggo mantosan PBM di sakola ku jalan ngabimbing/ngabiasakeun murangkalihna kanggo belajar di bumi, kumargi waktos sakola teh langkung sakedik tibatan waktosna di bumi. Oge teu hilap wali murid teh kedah telaten merhatoskeun pembayaran sakola supados murangkalihna teu minder di sakola nu tiasa mangaruhan PBM di sakola.
 
Ningkatkeun kasejahteraan pendidik ieu sae pisan, malihan mah kedah diperhatoskeun kuamrgi pendidik teh mangrupikeun konci sukses dina enggoning nyetak SDM nu berkualitas. Mung upami kedah di bebankeun ka orang tua murid mah urang teh kedah milah heula kondisi sakola sareng peta masarakatna. Upami di wewengkon nu sepuhna minimal menengah ka luhur mah panginten sapertos sakola-sakola setingakt Al-azhar, tiasa wae sepuhna di bebankeun kanggo ningkatkeun kasejahteraan pendidik, tapi upami sapertos masarakat nu teu gaduh mah tong boro dibebankeun biaya kesejahteraan guru, da biaya spp we oge seset geuningan. Atuh upami sadayana sepuh mampu mah urang moal ngadangu kasus Anak SD nu bunuh diri alatan artos dua rebu atanapi teu gaduh buku gambar.....
 
Mangga dilajengkeun kang diskusina, abdi ngantos pendapat salira, punten bilih kirang merenah dina kecap sareng basa nu dianggo....
 
Baktos,
neng an...
 
-----Original Message-----
From: Ahmad Junaedi [mailto:[EMAIL PROTECTED]
Sent: Thursday, July 29, 2004 8:32 PM
To: [EMAIL PROTECTED]
Subject: [Urang Sunda] Pendidikan di Jawa Barat (I)

Para wargi KUSNET, punten abdi kumawantun..
aya "ganjelan dina ati" anu mudah-mudahan ku di serat sareng dikintunkeun ka forum KUSNET.. tiasa sakedik ngalipur diri.. atuh langkung ti eta upamina aya "pulunganeun anu saena" teu aya lepatna upami nyobian di pratekkeun di lingkungan urang... 
Punten..gaya nyeratna disesuaikaeun sareng forum milist..(serelek)
 
Pendidikan di Jawa Barat (Tatar Sunda) (I)
 
Urang Jawa Barat (Tatar Sunda) hayang bisa maju?  Tangtu sarerea pada ngajawab "hayang pisan", moal aya beda paham lan beda kahayang.  Tapi.. naha urang pada terang, kumaha tah carana supaya bisa maju ?  Sadayana oge masih tiasa ngajawab "Ronjatkeun pangwangunan".  Ah da ti baheula oge kapan urang teh terus-terusan ngawangun..."jalan dilebaran, gedong-gedong luhur sareng mall diadegkeun, jambatan jeung jalan tol diayakeun, teu tinggaleun sakola oge rajeg tepi ka pilemburan, mobil mewah pasuliwer makin loba, komputer jeung internet mayah ka mana-mana", naha eta teh lain tanda kamajuan ?
 
Leres pisan saderek... eta teh tawis kamajengan.. namung.. punten... saenamah.. anu dijantenkeun "iloan" (standar ? punten pang lereskeun bilih lepat) teh sanes mung sakadar wujud fisik/materi wungkul.  Kedah "paripurna" saur basa kerenna tea mah.  Kedah ngalingkup boh material boh non material, cohagna mah lahiriah sareng batiniahna.  Leres pisan ari dina perkawis pangwangunan lahiriah mah.. diangken.. urang teh parantos seueur kamajengan... namung... dina perkawis pangwangunan mental spiritual atanapi aspek moral lan bathiniahmah... raraosan pribados... masih kalintang kakantunna.  Malihmah.. seueur pisan kajantenan anu mungkin ku urang tiasa kaalaman sareng kabandungan.. boh pajabat, boh rayatna, oge wawakil rayatna, atuh henteu kakantun para jejer aparat hukumna... cindeknamah ampir sererea.. geuning.. horeng simana horeng... parantos seueur anu tos hilap kana purwadaksi, tos henteu nyepeng pageuh kana atikan agami.  Eta oge henteu dipu! ngkir, seueur keneh anu tetep pageuh nyepeng prinsip "jujur, bener tur adil" namung eleh pamor, seueur anu kalelepkeun, kasiku tur katincak....
 
Ieu mah ringkesna bae...
Kanggo tiasa ngamajukeun nagri (hususna tatar Sunda), tangtos diperyogikeun para SDM (sumber daya manusia) anu unggul, unggul anu paripurna... boh dina bag-bagan elmu pangaweruh jeung teknologi oge ulah kakantun mental spiritualna, sapalihana mah aya anu nyebat IPTEK (ilmu pengetehauan dan teknologi) sareng IMTAK (iman dan takwa).  Dina leresan ieu... peranan widang "pendidikan" kalintang strategisna.
 
Namung... anu kabandungan ku sim kuring.. diana waktos-waktos ieu... terutami anu patali sareng masa panampian siswa enggal taun pelajaran... geuningan.. ambuing-ambuing... matak ngajenghak... tur ngajonghok... kaget anu pohara...  Anu kabandungan ku sim kuring, seueurna keluhan perkawis biaya sakola (samentawis mah ti SD dugi SMA) teh seuseurna kasusna teh aya di Jawa Barat (kaleresan, pribados seringna maos teh warta ti detik, republika sareng kompas on line).  Eta oge aya berita ti Jakarta sareng daerah Banten (Tangerang).  Ieumah.. seuseueurna... ti Jawa Barat (Tasik, Subang, Bekasi, Bogor, Bandung, jrrd).  Beja ceuk cenahmah, sagala biaya sakola teh diperyogikeun kanggo ngaronjatkeun kualitas pendidikan... Naha enya kitu ?
Sim kuring mah bati hawatir.. sanes awon sangki, punten ka para pendidik... sim kuring oge kalebet pendidik keneh... paur bin sieun... "dunia pendidikan di Jawa Barat" tos ka isme-an ku euphoria "reformasi" anu salah kaprah.  Ekueur mah eukeur urang teh hirup dina kaayaan sarwa susah... neangan pendidikan oge hayoh deuih pipilueun jadi mahal lan nambahan susah...  Cobi aya rincian kieu geura : uang pembangunan gedung, uang meja-kursi, uang perpustakaan, uang buku, uang seragam, uang seragam batik, uang baju pramuka, uang OSIS, uang asuransi, uang pramuka, uang PMI, uang pentas seni... jrrd.  Hmh... bati rumahuh... na nya bet kasusah teh bet diaya-ayakeun...
 
Ieu mah punten.. bade janten juru ramal...  Aya dua hal anu ku sim kuring kaemutan perkawis "biaya mahal" widang pendidikan ieu...Teu aya sanes: Ningkatkeun kualitas proses belajar-mengajar, sareng anu oge henteu eleh penting, ngaronjatkeun jaminan kesejahteraan para guru.  Anu jadi patarosan tur pasualan.. naha eta dua hal teh tiasa dibebankeun ka para sepuh/wali murid ?
 
Cag heula... bade ngarahuh heula.....
 
 


Do you Yahoo!?
Y! Messenger - Communicate in real time. Download now.

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Do you Yahoo!?
New and Improved Yahoo! Mail - 100MB free storage!

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke