Teh Ani sareng Kang Junaedi, tur warga lembur Babakan
KUSNET sa kum na. 
Kataji pisan kana pamendak anu tos diserat eta. Punten
mun kuring ngiring mairan. 
Sababaraha waktos kapengker, hiji media massa nasional
ngabahas ngenaan pendidikan anu aya di lebur kuring,
Garut. Dugi ka lima halaman ageung. 
Tapi mun nilik tina eusina, lain iber anu
pakabungaheun anu aya, tapi pikasediheun. Sabab, hasil
panalungtikan eta media, di antara kabupaten anu
kenging grant pendidikan ti Belanda teh Garut
ngarupakeun kabupaten anu korupna pangageunga, sa Jawa
Barat. 

Urang dongengkeun deui kumaha kaayanana. 
Saurang kapala sakola eS-De, ngangluhkeun sakolana anu
dek rubuh. Ceuk manehna, kumaha kuring bisa menang eta
hibah, sok sanajan memang aya "pengumuman" ti dinas,
da mun hayang meunang kudu "mayar" ka dinas na teh.
anu bayarana eta, mun dipake keur ngarehab bisa cukup
salokaleun." 

Naon hartosna? 
Kumaha urang bisa ngomong ningkatkeun darajat SDM mun
parilaku dinas pendidikan, guru-guru tur aparat
pendidikana kalaluana siga kitu. janten, ku kaayaan
ayeuna, ceuk kuring mah aya pasualan anu lebih jero,
lewih mendasar tinimang masalah biaya. Naon? Motivasi,
jeung niat aparat pendidikan anu teu ngadukung, teu
paham tur teu apal kana palsapah atikan, tur tujuana. 

Sakola, atikan, tur terdidik, lain ngan pasualan
bisana hiji jalma asup institusi pendidikan saperti
SD, jsb. Tapi pendidikan ngarupakeun salah sahiji
pra-syarat dina ngawangun mental anak-didik,
ngabebaskeun dirina tina sikep-sikep anu katindas,
kajajah, boh ku guruna, sakolana, atawa kolotna
sorangan. 

Ceuk kuring, pendidikan lain ngan wungkul identitas
yen urang sakola di anu..di anu.... Lain. Sama sakali
lain. 
Tapi, mun nginjeum istilah Amarya Sen, "pendidikan
ngarupakeun salah sahiji proses pembebasan". Dina
pendidikan, saurang jalma bisa bebas, kreatif,
mandiri, tur bisa nambahan elmu. Pendidikan diurang
mah katinggalina: (1) identitas sosial, (2) jang jadi
pagawe, (3) (Punten pisan) proyek jalma-jalma anu
ngagantungkeun hirup tina ngajar, (4) teuing...teu
puguh we. 

Cobi we emutan, maenya geus sakola, tapi mun dek ujian
mah percaya keneh ka Bimbel? Atos we teu kudu sakola.
Mun ukurana cukup tiasa ngesi soal, cekap we ngiringan
bimbel. Pamandangan ieu saluyu sareng pamendakna Prof
Andi Hakim Nasution (alm) anu mantan rektor IPB tea. 

Nalika kuring ngalontarkeun ieu gagasan, sababaraha
urang guru tur kapala sakola langsung mundelik bari
nyarios: terus, gawe kami-kami naon? 

Ceuk INSIST tea mah: 'ORANG MISKIN DILARANG SEKOLAH!"

Cag....
tantan





--- Ani Puspita <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> Hapunten kang Junaedi simkuring nu kirang apal
> perkawis pendidikan ieu seja
> mairan seratan salira, Sumuhun simkuring sapagodos
> sareng pamaksadan salira
> rehna kanggo ngamajukeun ieu nagreg teh
> diperyogikeun SDM anu kualitasna
> unggul, sareng abdi oge sapagodos  perkawis "biaya
> pendidikan nu diaya-aya".
> Eta panginten anu diserat ku salira teh pamandangan
> nu aya di kota-kota, da
> abdi mah ngadangu biaya lebet TK oge mani muriding,
> sok ngemut mahal pisan
> nya elmu teh. Tapi naha enya eta biaya mahal teh
> dianggo kanggo proses
> transfer elmu ti guru ka siswa atanapi di anggo naon
> deui ??
>  
>


        
                
__________________________________
Do you Yahoo!?
New and Improved Yahoo! Mail - 100MB free storage!
http://promotions.yahoo.com/new_mail 


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar.
Now with Pop-Up Blocker. Get it for free!
http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke