Ari nyaritakeun lagu sunda teh sok inget ka jaman katukang 
jaman lagu EUIS, NENG GEULIS jste  jaman jayana lagu-lagu 
sunda matak reueus keur anu ngalaman mah,rek teu reueus 
kumaha atuda nu ngahaleuangkeunana oge apan biduan jeung 
biduanita lain ti seler sunda, geura urang tataan :

Lilis suryani, dina lagu ANTOSAN dipirig ku orkes idris 
sardi anu piringan hideungna dicitak ku remaco, padahal ph 
eta teh lain husus pikeun lagu sunda diantarana wae aya 
lagu pop minang sansaro ciptaan bing slamet. Saterusna 
 lagu Teungteuingeun,lagu Cau Ambon,lagu Pileuleuyan geus 
nganteurkeun kasuksesan Lilis Suryani dina lagu pop sunda, 
dina mangsa harita lagu anu pangpopilerna lagu 
TEUNGTEUINGEUN jeung lagu PILEULEUYAN anu kungsi 
dihaleuangkeun deui dina film Diambang Fajar

Dina mangsa taun 1964, sukses lagu CING TULUNGAN nu 
dihaleuangkeun ku Lilis Suryani, dipirig ku band zainal 
combo anu ph na dicitak ku remako, ngaran Lils Suryani 
beuki nanjung sanajan dina ph eta di muat oge lagu pop kau 
pembela nusa dan bangsa, lagu oh hesti jeung lagu lidya

Tuti Soebardjo, biduan asal bondowoso anu momilerkeun lagu 
Janjimu jeung lagu Kasih Tak Sampai taun 1965 ngarawu 
sukses tina ngahaleuangkeun lagu sunda ANTEURKEUN jeung 
lagu PANGINTEN anu dipirig ku orkes mus k wirya sanajan 
dina ph eta dimuat genep lagu pop indonesia

Salian ti seler jawa anu ngarawu sukses tina 
ngahaleuangkeun lagu pop sunda mangsa harita, aya seler 
minang Oslan Husen anu ngahaleuangkeun lagu SORANGAN WAE 
dipirig ku orkes  wijaya kususma lagu ieu geus jadi 
sabiwir hiji masarakat harita, terus ivo nila krisna dina 
lagu KAHUMA jeung elly kasim dina lagu PEUYEUM BANDUNG 
yasana Sambas

Mangsa harita lagu-lagu pop sunda geus jadi formula bisnis 
pikeun produsen piringan hideung di indonesia, 
didongengkeun deui soteh ngarah baraya uninga yen 
lagu-lagu pop sunda kungsi nanjeur di balantika musik pop 
indonesia



Oby tea  (diracik tina sanes kanten cutatan)
===========================================================================================
"Gabung INSTANIA, dapatkan XENIA. Daftar di www.telkomnetinstan.com, langsung dapat 
akses Internet Gratis..
Dan ..ikuti "Instan Smile" berhadiah Xenia,Tour S'pore, Komputer,dll, info hub : 
TELKOM Jatim 0-800-1-467826 "
===========================================================================================


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Yahoo! Domains - Claim yours for only $14.70
http://us.click.yahoo.com/Z1wmxD/DREIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke