Lian euy meni apal kitu...... jeung albumna sagala.... Naha aya keneh PH-na ... cik uing nginjeum euy rek ditransfer ka MP3 atawa kaset....
Jajakakapaksa ----- Original Message ----- From: "bosetektea" <[EMAIL PROTECTED]> To: <[EMAIL PROTECTED]> Sent: Tuesday, August 03, 2004 2:00 PM Subject: [Urang Sunda] LAGU SUNDA > Ari nyaritakeun lagu sunda teh sok inget ka jaman katukang > jaman lagu EUIS, NENG GEULIS jste jaman jayana lagu-lagu > sunda matak reueus keur anu ngalaman mah,rek teu reueus > kumaha atuda nu ngahaleuangkeunana oge apan biduan jeung > biduanita lain ti seler sunda, geura urang tataan : > > Lilis suryani, dina lagu ANTOSAN dipirig ku orkes idris > sardi anu piringan hideungna dicitak ku remaco, padahal ph > eta teh lain husus pikeun lagu sunda diantarana wae aya > lagu pop minang sansaro ciptaan bing slamet. Saterusna > lagu Teungteuingeun,lagu Cau Ambon,lagu Pileuleuyan geus > nganteurkeun kasuksesan Lilis Suryani dina lagu pop sunda, > dina mangsa harita lagu anu pangpopilerna lagu > TEUNGTEUINGEUN jeung lagu PILEULEUYAN anu kungsi > dihaleuangkeun deui dina film Diambang Fajar > > Dina mangsa taun 1964, sukses lagu CING TULUNGAN nu > dihaleuangkeun ku Lilis Suryani, dipirig ku band zainal > combo anu ph na dicitak ku remako, ngaran Lils Suryani > beuki nanjung sanajan dina ph eta di muat oge lagu pop kau > pembela nusa dan bangsa, lagu oh hesti jeung lagu lidya > > Tuti Soebardjo, biduan asal bondowoso anu momilerkeun lagu > Janjimu jeung lagu Kasih Tak Sampai taun 1965 ngarawu > sukses tina ngahaleuangkeun lagu sunda ANTEURKEUN jeung > lagu PANGINTEN anu dipirig ku orkes mus k wirya sanajan > dina ph eta dimuat genep lagu pop indonesia > > Salian ti seler jawa anu ngarawu sukses tina > ngahaleuangkeun lagu pop sunda mangsa harita, aya seler > minang Oslan Husen anu ngahaleuangkeun lagu SORANGAN WAE > dipirig ku orkes wijaya kususma lagu ieu geus jadi > sabiwir hiji masarakat harita, terus ivo nila krisna dina > lagu KAHUMA jeung elly kasim dina lagu PEUYEUM BANDUNG > yasana Sambas > > Mangsa harita lagu-lagu pop sunda geus jadi formula bisnis > pikeun produsen piringan hideung di indonesia, > didongengkeun deui soteh ngarah baraya uninga yen > lagu-lagu pop sunda kungsi nanjeur di balantika musik pop > indonesia > > > > Oby tea (diracik tina sanes kanten cutatan) > ============================================================================ =============== > "Gabung INSTANIA, dapatkan XENIA. Daftar di www.telkomnetinstan.com, langsung dapat akses Internet Gratis.. > Dan ..ikuti "Instan Smile" berhadiah Xenia,Tour S'pore, Komputer,dll, info hub : TELKOM Jatim 0-800-1-467826 " > ============================================================================ =============== > > > > Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id > > Yahoo! Groups Links > > > > > ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Yahoo! Domains - Claim yours for only $14.70 http://us.click.yahoo.com/Z1wmxD/DREIAA/yQLSAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

