Aya deui tambihana, kantos biduan Titiek Sandhora ngahaleuangkeun "Bajing Luncat"
sanaos, rada heuras oge dina ngawitanana, margina sanes : Bajing luncat..., namung Mbajing luncat.....
Panineungan
Panineungan
Pihatur
SSW
bosetektea <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Ari nyaritakeun lagu sunda teh sok inget ka jaman katukang
jaman lagu EUIS, NENG GEULIS jste jaman jayana lagu-lagu
sunda matak reueus keur anu ngalaman mah,rek teu reueus
kumaha atuda nu ngahaleuangkeunana oge apan biduan jeung
biduanita lain ti seler sunda, geura urang tataan :
Lilis suryani, dina lagu ANTOSAN dipirig ku orkes idris
sardi anu piringan hideungna dicitak ku remaco, padahal ph
eta teh lain husus pikeun lagu sunda diantarana wae aya
lagu pop minang sansaro ciptaan bing slamet. Saterusna
lagu Teungteuingeun,lagu Cau Ambon,lagu Pileuleuyan geus
nganteurkeun kasuksesan Lilis Suryani dina lagu pop sunda,
dina mangsa harita lagu anu pangpopilerna lagu
TEUNGTEUINGEUN jeung lagu PILEULEUYAN anu kungsi
dihaleuangkeun deui dina film Diambang Fajar
Dina mangsa taun 1964, sukses lagu CING TULUNGAN nu
dihaleuangkeun ku Lilis Suryani, dipirig ku band zainal
combo anu ph na dicitak ku remako, ngaran Lils Suryani
beuki nanjung sanajan dina ph eta di muat oge lagu pop kau
pembela nusa dan bangsa, lagu oh hesti jeung lagu lidya
Tuti Soebardjo, biduan asal bondowoso anu momilerkeun lagu
Janjimu jeung lagu Kasih Tak Sampai taun 1965 ngarawu
sukses tina ngahaleuangkeun lagu sunda ANTEURKEUN jeung
lagu PANGINTEN anu dipirig ku orkes mus k wirya sanajan
dina ph eta dimuat genep lagu pop indonesia
Salian ti seler jawa anu ngarawu sukses tina
ngahaleuangkeun lagu pop sunda mangsa harita, aya seler
minang Oslan Husen anu ngahaleuangkeun lagu SORANGAN WAE
dipirig ku orkes wijaya kususma lagu ieu geus jadi
sabiwir hiji masarakat harita, terus ivo nila krisna dina
lagu KAHUMA jeung elly kasim dina lagu PEUYEUM BANDUNG
yasana Sambas
Mangsa harita lagu-lagu pop sunda geus jadi formula bisnis
pikeun produsen piringan hideung di indonesia,
didongengkeun deui soteh ngarah baraya uninga yen
lagu-lagu pop sunda kungsi nanjeur di balantika musik pop
indonesia

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
| Yahoo! Groups Sponsor | |
|
|
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.