Mangga Kang Dien, ngiringan, leres, siga anu teu ngahajakeun nya 
upami ditumarumpangkeun kana acara nu sanes. Mangga atuh ka pupuhu 
kalih para kuncen milist/Ys Kusnet, iraha bade dilajuninglakukeunna 
eta acara, lebar ieu milist tos aya taunna ngadeg, namung asana teu 
acan aya hasil mangrupi dokumen usulan atanapi rekomendasi kanggo 
balarea/pamarentah.

Baktos,
manAR
--- In [EMAIL PROTECTED], Didin Kustandi <[EMAIL PROTECTED]> 
wrote:
> Sae kang Man, sim kuring seja ngiringan (sanes ngan ukur 
pipilueun). Nanging ulah dina acara anu diancokeun kanggo umum 
sapertos dina rarancang tepang ba'da lebaran, jalaran matak pugag ka 
ditu ka dieu. Janten, saena mah hususkeun bae supados babari 
ngejewang nu nyimpang !
>  
> Salam,
> Kang Dien
> 
> Oman Abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Para wargi sadaya,
> 
> Alhamdulillah, padungdengan di milist tos ngawitan ngaguar soal 
> kasulitan patani di urang jeung panghasilan bangsa urang anu 
kacida 
> ningna dibanding panghasilan masyarakat sejenna di LN. 
Padungdengan 
> ieu upam dilajuninglakukeun teras Insya Alloh baris ngahasilkeun 
> hiji jejer mangrupa konsep pikeun ngaropea pamarentahan jeung 
> pangwangunan di urang. Upama hese pikeun Nasional, atuh pikeun 
> lingkungan urang heula anan, Tatar Sunda.
> 
> Pikeun hal eta, sim kuring tos nyobian ngamimitian anu ditulis 
dina 
> jejer "Program Pangwangunan Indonesia ti mimiti 100 hari ngawitan 
> digawe Presiden anyar, jangka pendek-jangka menengah tug dugi ka 
> jangka panjang".  Sumber tulisan anu utama taya lian ti Kang 
Idrus, 
> alumni Fak. Pertanian UNPAD angkatan kahiji, oge salah 
> saurang "penemu" (invetor) widang sarana jeung manajemen 
pertanian. 
> 
> Di lebetna, hal anu ngawitan diguar teu aya sanes iwal ti program-
> program pikeun ngaronjatkeun kahirupan aageungna masyarakat urang, 
> nyaeta patani jeung nelayan. Ti ngawitan subsidi gemuk (pupu) anu 
> kudu sagemblengna, perpajakan, sistem kapagawenegrian (kalebet 
> ngaropea standar gajih jeung kumaha carana), pergulaan, nelayan 
> (upamana: kumaha cangkan nelayan dina usum heuteu bisa digawe di 
> laut kudu tetep boga panghasilan? geus lir ari pagawean utamana 
> mah), tata niaga sayur, tata niaga cengkeh, gaplek, tiwu, jsb. anu 
> nguntugkeun masyarakat jeung pamarentah. Oge widang sanesna 
sakumaha 
> umumna kahirupan di hiji nagara. 
> 
> Ngan hanjakal, jalaran talatah ti Kang Idrus, ieu tulisan teh 
> heunteu tiasa dimonyah-monyah di media "terbuka" (saheulaanan). 
> Kukituna, ka sugri milist, upama aya tea mah emutan kana hal eta, 
> kumaha upama urang kempel dina hiji riungan di alam nyata, kanggo 
> madungdengkeun hal ieu? Acara saba'da lebaran tea hade upama 
> dijadikeun hiji pajemuhan antara urang, warga milist, sareng Kang 
> Idrus, kanggo ngaguar jejer di luhur.
> 
> Rupina cekap sakieu bae heula.
> 
> Baktosna,
> manAR
> 
> 
> 
> --- In [EMAIL PROTECTED], "kumincir" <[EMAIL PROTECTED]> 
wrote:
> > Euleuh.... mani matak uruy nya stimulus keur kaom tani di nagara 
> deungeun 
> > mah, teu kawas di urang! Lian ti pamarentah teu ngadukung ka 
> patani teh, 
> > kudu jogol jeung beas impor/sulundupan! Subsidi pikeun tani, 
> utamana pupuk, 
> > cenah rek beuki dikurangan. Mun nu dikurangan subsidi teh 
bengsin 
> premium 
> > atuh, kaharti. Unggal usum panen, harga gabah nyirorot wae! 
Butuh 
> modal, ka 
> > bank ge hese beleke. Deudeuh temen bangsa urang... 
> > 
> > jk 
> > 
> > Siddik Wiradireja writes:
> > > Raharjana patani di Korea :
> > > 1. Pajeg tanah garapan tebih langkung mirah ti pajeg tanah 
> pakotaan (30~40 %an)
> > > 2. Tarif listrik kanggo patani langkung mirah dibanding tarif 
> listrik non patani (20~30%an)
> > > 3. Gampil milarian kiridit ti bank, kalayan bunga langkung 
mirah 
> sareng kiridit biasa
> > > 4. Jatah bangku di sadaya Universitas/PT satatar Korea kanggo 
> anak/turunan patani.
> 
> 
> 
> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
> 
> 
> 
> Yahoo! Groups SponsorADVERTISEMENT
> 
> 
> ---------------------------------
> Yahoo! Groups Links
> 
>    To visit your group on the web, go to:
> http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
>   
>    To unsubscribe from this group, send an email to:
> [EMAIL PROTECTED]
>   
>    Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of 
Service. 
> 
> 
>               
> ---------------------------------
> Do you Yahoo!?
> New and Improved Yahoo! Mail - Send 10MB messages!



------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Yahoo! Domains - Claim yours for only $14.70
http://us.click.yahoo.com/Z1wmxD/DREIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke