bah willy, upama jero saminggu teu kapendak aya 'tapak
suci', naha eta acara numbas teh moal diayakeun kitu?
beu meureun kawilang nekad nya eta sepuh teh, upama
teu nyayakeun numbas, sabab jiga moretekeun ... di
pasar. 

salam,
mh

--- waluya56 <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> Geuningan seueur anu teu terang perkawis Numbas teh?
> boa-boa ngan 
> ukur acara di Sumedang wungkul nya?. Sapertos nu
> dicarioskeun ku 
> kang Yaya, di Sumedang, upama panganten parantos
> "salamet" sok 
> diayakeun numpeng (biasana mah saminggu), maksudna
> mah nyalametkeun 
> panganten nu parantos luncur-lancar ........
> 
> Baheula basa anyar kawin (taun 1986) kuring teu lila
> di Sukabumi 
> (pamajikan urang Cibadak Sukabumi), terus ka
> Sumedang, ngenalkeun 
> pamajikan ka sepuh-sepuh di Sumedang, geus kitu mah
> terus we ka 
> Bandung nyicingan imah meunang ngontrak di kompleks
> Margahayu Raya. 
> Harita teh kakara saminggu kuring kawin. 
> 
> Kakara tilu poe kuring cicing di Margahayu Raya, ari
> kurunyung teh 
> ki lanceuk ti Sumedang, nganteur pun Nini jeung
> kapiraina, nganjang. 
> Kuring kacida kagetna, da nyaeta pun nini teh tos
> sepuh yuswana 
> parantos langkung ti 80 taun, mani maksakeun ka
> Bandung. Pun Nini 
> teh barang candak nyaeta sangu tumpeng. Kuring teh
> naros aya acara 
> naon ieu teh make nyandak tumpeng sagala? Nini teu
> nagjawab jelas, 
> ngan ukur ngajawab karunya, cenah, euweuh nu
> nyalametkeun, kolotna 
> jauh di Sukabumi,(maksudna ka pamajikan). Kuring
> ngareret ka ki 
> lanceuk, nu renya-renyu nahan piseurieun, terus
> nanya : " Aya naon 
> ieu teh?"
> "Ari maneh apan numbas tea!", ceuk ki lanceuk teh.
> "Numbas?", kuring kaget jeung jadi inget naon ari
> numbas teh, teu 
> karasa beungeut jadi beureum, era paradah ........
> 
> Ari pamajikan mah rungah-ringeh we henteu ngarti,
> dibejaan teh 
> sanggeus semah marulih, manehna ukur molohok, kaget
> geuningan aya 
> salametan kasuksesan "malam pertama" ......hehehehe.
> 
> 
> WALUYA
> (Pangemut-ngemut ka alm. pun Nini) 
> 
> 
> --- In [EMAIL PROTECTED], Rukayadi Yaya
> <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> > 
> > Baraya.....
> > 
> > Urang pedar masalah NUMBAS, ieu teh salah sahiji
> �cara
> > sunda. NUMBAS teh nyaeta meuncit hayam terus
> ditumpeng
> > jeung diduumkeun ka tatangga. Acara NUMBAS teh
> > dilaksanakeun sabada panganten geus bisa "hade",
> 
> 
> 



                
__________________________________
Do you Yahoo!?
Yahoo! Mail Address AutoComplete - You start. We finish.
http://promotions.yahoo.com/new_mail 


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Yahoo! Domains - Claim yours for only $14.70
http://us.click.yahoo.com/Z1wmxD/DREIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke