Geuningan seueur anu teu terang perkawis Numbas teh? boa-boa ngan 
ukur acara di Sumedang wungkul nya?. Sapertos nu dicarioskeun ku 
kang Yaya, di Sumedang, upama panganten parantos "salamet" sok 
diayakeun numpeng (biasana mah saminggu), maksudna mah nyalametkeun 
panganten nu parantos luncur-lancar ........

Baheula basa anyar kawin (taun 1986) kuring teu lila di Sukabumi 
(pamajikan urang Cibadak Sukabumi), terus ka Sumedang, ngenalkeun 
pamajikan ka sepuh-sepuh di Sumedang, geus kitu mah terus we ka 
Bandung nyicingan imah meunang ngontrak di kompleks Margahayu Raya. 
Harita teh kakara saminggu kuring kawin. 

Kakara tilu poe kuring cicing di Margahayu Raya, ari kurunyung teh 
ki lanceuk ti Sumedang, nganteur pun Nini jeung kapiraina, nganjang. 
Kuring kacida kagetna, da nyaeta pun nini teh tos sepuh yuswana 
parantos langkung ti 80 taun, mani maksakeun ka Bandung. Pun Nini 
teh barang candak nyaeta sangu tumpeng. Kuring teh naros aya acara 
naon ieu teh make nyandak tumpeng sagala? Nini teu nagjawab jelas, 
ngan ukur ngajawab karunya, cenah, euweuh nu nyalametkeun, kolotna 
jauh di Sukabumi,(maksudna ka pamajikan). Kuring ngareret ka ki 
lanceuk, nu renya-renyu nahan piseurieun, terus nanya : " Aya naon 
ieu teh?"
"Ari maneh apan numbas tea!", ceuk ki lanceuk teh.
"Numbas?", kuring kaget jeung jadi inget naon ari numbas teh, teu 
karasa beungeut jadi beureum, era paradah ........

Ari pamajikan mah rungah-ringeh we henteu ngarti, dibejaan teh 
sanggeus semah marulih, manehna ukur molohok, kaget geuningan aya 
salametan kasuksesan "malam pertama" ......hehehehe.


WALUYA
(Pangemut-ngemut ka alm. pun Nini) 


--- In [EMAIL PROTECTED], Rukayadi Yaya <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> 
> Baraya.....
> 
> Urang pedar masalah NUMBAS, ieu teh salah sahiji �cara
> sunda. NUMBAS teh nyaeta meuncit hayam terus ditumpeng
> jeung diduumkeun ka tatangga. Acara NUMBAS teh
> dilaksanakeun sabada panganten geus bisa "hade",




------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar.
Now with Pop-Up Blocker. Get it for free!
http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke