Kang mh, sareng wargi Kusnet..
Kaleresan sim kuring kantos rada lami di Wamena (pedalaman Irja) kirang langkung 16 sasih, ti kawit Juni 2002 dugika September 2003.
Sakaterang sim kuring, memang leres kanggo di sababaraha daerah terutami di daerah pasisir (Fakfak, Sorong) Islam teh mayoritas. Namung upami ka daerah pedalaman mah (terutami anu sesah dijangkau darat, kedah ku pesawat atanapi pesawat perintis) raraosan sim kuring... memang penyebaran agama ti non muslim kalintang intensifna. Kalebet di Wamena. Malih mah, pihak misionaris ngagaduhan armada kanggo ngajangkau daerah-daerah terpencil nganggo pesawat alit (5 penumpang) anu katelah "MAF". Nya di tempat-tempat terpencil eta para misionaris ngadegkeun gereja.. sareng oge nempatkeun pastor-na (pastor-na seuseurna "bule"). Tah.. sisifatan urang pedalaman... langkung babari dideukeutan ku urang "bule".
Di Wamena, perkampungan muslim katelahna "Kampung Walesi" anu seuseueurna didumukan ku farm/marga "Asso". Di kampung eta diwangun masjid lumayan ageung.. oge bangunan madrasah sareng pondok-na. Di tempat eta oge aya "ustad" (anu harita upami teu lepat alumni ti Gontor). Kepala suku di Walesi (hilap namina.. upami teu lepat Hubi Asso), harita parantos diangkatkeun ka haji (Mekkah). Namung nyakitu.. geuningan, sanaos tos haji oge.. teu acan apalan Alfatihah2 acan. Atuh kabiasaan "ngingu babi, nuang babi, sareng acara adat-adatan sanesna" henteu acan tiasa di tebihan ... masih keneh bae ...
Waktos harita oge, rerencangan ngangkat saurang "putra daerah" lulusan SMP dijantenkeun anak asuh.. dipasantrenkeun sareng disakolakeun di Bogor.. namung.. cenahmah henteu junun...
Sim kuring kalintang "nga-apresiasi" (cobi naon Sunda-na?) ku ikhtiar sareng kasobaran para ustadz anu ngemban misi da'wah di Irian, khususna daerah pedalaman.
Wassalamu'alaikum.
mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
"Alhamdulillah penduduk asli Jazirah An-Nuu Waar
(sebutan Irian Jaya di kalangan Muslim) 75% di kawasan
selatan, 35% di kawasan utara, dan 40% di kawasan
pegunungan dan jika ditambah dengan saudara-saudara
Muslim yang datang dari Jawa, Makassar, Sumatera dan
Ternate, sebenarnya di Irian Jaya itu mayoritas Islam
atau 65% beragama Islam. Penduduk asli Irja yang
mencapai kira-kira 1 juta jiwa, terdiri dari 35%
Islam, 30% Protestan, 20% Katolik, dan 15% animisme."
Do you Yahoo!?
Yahoo! Mail is new and improved - Check it out!
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
| Yahoo! Groups Sponsor | |
|
|
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

