wilujeung ua sas, janten pak rt yeuh. tah rupina
pabukon teh bakal langkung seueur peminatna ayeuna
mah. pan biasana ari pamingpin mah sok seueur
katatamuan. janten kabula-kabale, rencana ua sas
ngadamel kantong budaya sunda teh langkung tiasa
ngajanggelek ripina mah.
wilujeng ua rt,
mh
--- MSasmita <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Mimitina mah katatamuan ku sababaraha urang
> tatangga, kaasup Ketua RW,
> harita teh nyawalakeun mobil paranti ngakut runtah
> mogok, lain sawala
> meureun sabenerna mah tapi menta sumbangan keur
> ngahadean mobil runtah, dina
> obrolan ngaleok kana masalah Ketua RT nu ngundurkeun
> diri alatan pakepuk,
> kuring mah harita teh ukur unggut-unggutan da teu
> apal atuh, na saminggu ti
> harita burudul teh nu natamu masih keneh jeung Ketua
> RW sanggeus ngawangkong
> sabulang bentor....geuning pamustunganana mah
> ngalamar kuring sangkan
> sanggup jadi Ketua RT, harita kuring ukur ngahuleng.
> Memeh ngajawab teh kuring ngaraja meneng heula jeung
> nanya ka indung budak,
> ari indung budak mah nitah henteu nga-ulah-keun
> henteu bari pok ngomong
> ...nolak atuh teu matak jadi mamala lamun daek nya
> kudu terang
> risikona......., kuring ukur ceuleumeut ngadenge
> pamadegan kitu teh.
> Aya aya niat kuring rek nolak, tapi harita bet jadi
> inget kana padungdengan
> dina milis ieu, di Kusnet asana mah dina taun 2001,
> kungsi dibahas "peran
> Urang Sunda di Masyarakat", padungdengan kitu teh
> mimitina mah pedah ningali
> anggota DPRD Jabar 70% lain urang Sunda nya dina eta
> padungdengan bet terus
> aya rambat kamalena kana hirup kumbuh sapopoena
> urang Sunda, malah aya nu
> togmol nyarita "...Urang Sunda mah tara daek maju
> kahareup tong boro dina
> dunya politik dalah jadi Ketua RT we tara aya nu
> daek...geura we dina rapat
> rapat ge urang Sunda mah sok dariuk ditukang ngumpul
> jeung
> papadana...jst..."...(moal diteruskeun ah bisi
> disebut neluh maneh).
> Sanggeus inget kadinya na da teu mikir panjang deui
> kuring narima jadi Ketua
> RT, ngan kuring mere tanjakan intina mah "hade ku
> omong goreng ku omong" mun
> aya masalah ..."kita harus bicara".
> Nya ti mimiti tanggal 12 Agustus 2004 kuring
> nyangking kalungguhan jadi
> Ketua RT, orokaya sanggeus jadi ketua teh geuning
> kudu rada loba kaluar
> peuting, ngajak ngobrol jeung Satpam, ondangan
> gapleh...jrrd...!
> Teuing atuh ieu kalungguhan teh bakal aya mangfaatna
> atawa bakal
> gaplah...?...ari ceuk hiji sesepuh mah "...niatkeun
> ibadah we..." ambih
> hampang karasana.
>
> Eh...baraya...Insya Alloh dina kaping 21/8/04 bada
> isya di rorompok sim
> kuring bade ngayakeun Pasanggiri Maca Carpon bilih
> bade ngaluuhan mangga
> diantos...!!
>
> MSasmita
>
>
>
>
>
>
>
__________________________________
Do you Yahoo!?
New and Improved Yahoo! Mail - 100MB free storage!
http://promotions.yahoo.com/new_mail
------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~-->
Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar.
Now with Pop-Up Blocker. Get it for free!
http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~->
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/