Wilujeng kang Sas...!!!, sae atuh, margi upami teu ditampi ku urang teras milarian jalmi sanes anu antukna ragragna ka "junti".
Atuh panginten di TS teh tambih amburadul, tos anggaota DPRDna tos para Bopatina, ma enya dugi ka ketua RTna kedah dicepeng ku "junti"
Sakali deui wilujeng, leres etang-etang ibadah, ngabdi karahayat, pan RT mah teu nampi gaji...
 
Pihatur
SSW


MSasmita <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Mimitina mah katatamuan ku sababaraha urang tatangga, kaasup Ketua RW, harita teh nyawalakeun mobil paranti ngakut runtah mogok, lain sawala meureun sabenerna mah tapi menta sumbangan keur ngahadean mobil runtah, dina obrolan ngaleok kana masalah Ketua RT nu ngundurkeun diri alatan pakepuk,kuring mah harita teh ukur unggut-unggutan da teu apal atuh, na saminggu ti
harita burudul teh nu natamu masih keneh jeung Ketua RW sanggeus ngawangkong sabulang bentor....geuning pamustunganana mah ngalamar kuring sangkan sanggup jadi Ketua RT, harita kuring ukur ngahuleng.
Memeh ngajawab teh kuring ngaraja meneng heula jeung nanya ka indung budak, ari indung budak mah nitah henteu nga-ulah-keun henteu bari pok ngomong...nolak atuh teu matak jadi mamala lamun daek nya kudu terang risikona......., kuring ukur ceuleumeut ngadenge pamadegan kitu teh.
Aya aya niat kuring rek nolak, tapi harita bet jadi inget kana padungdengan dina milis ieu, di Kusnet asana mah dina taun 2001, kungsi dibahas "peran Urang Sunda di Masyarakat", padungdengan kitu teh mimitina mah pedah ningali anggota DPRD Jabar 70% lain urang Sunda nya dina eta padungdengan bet terus aya rambat kamalena kana hirup kumbuh sapopoena urang Sunda, malah aya nu
togmol nyarita "...Urang Sunda mah tara daek maju kahareup tong boro dina dunya politik dalah jadi Ketua RT we tara aya nu daek...geura we dina rapat rapat ge urang Sunda mah sok dariuk ditukang ngumpul jeung papadana...jst..."...(moal diteruskeun ah bisi disebut neluh maneh).
Sanggeus inget kadinya na da teu mikir panjang deui kuring narima jadi Ketua RT, ngan kuring mere tanjakan intina mah "hade ku omong goreng ku omong" mun aya masalah ..."kita harus bicara".
Nya ti mimiti tanggal 12 Agustus 2004 kuring nyangking kalungguhan jadi Ketua RT, orokaya sanggeus jadi ketua teh geuning kudu rada loba kaluar peuting, ngajak ngobrol jeung Satpam, ondangan gapleh...jrrd...!
Teuing atuh ieu kalungguhan teh bakal aya mangfaatna atawa bakal
gaplah...?...ari ceuk hiji sesepuh mah "...niatkeun ibadah we..." ambih hampang karasana.

Eh...baraya...Insya Alloh dina kaping 21/8/04 bada isya di rorompok sim kuring bade ngayakeun Pasanggiri Maca Carpon bilih bade ngaluuhan mangga diantos...!!

MSasmita








Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke