Wilujeng ua sas, wilujeng ngemban pangaula janten katua RT.
wassalam,
pihaturna,
ES
MSasmita <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
MSasmita <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Mimitina mah katatamuan ku sababaraha urang tatangga, kaasup Ketua RW,
harita teh nyawalakeun mobil paranti ngakut runtah mogok, lain sawala
meureun sabenerna mah tapi menta sumbangan keur ngahadean mobil runtah, dina
obrolan ngaleok kana masalah Ketua RT nu ngundurkeun diri alatan pakepuk,
kuring mah harita teh ukur unggut-unggutan da teu apal atuh, na saminggu ti
harita burudul teh nu natamu masih keneh jeung Ketua RW sanggeus ngawangkong
sabulang bentor....geuning pamustunganana mah ngalamar kuring sangkan
sanggup jadi Ketua RT, harita kuring ukur ngahuleng.
Memeh ngajawab teh kuring ngaraja meneng heula jeung nanya ka indung budak,
ari indung budak mah nitah henteu nga-ulah-keun henteu bari pok ngomong
...nolak atuh teu matak jadi mamala lamun daek nya kudu terang
risikona......., kuring ukur ceuleumeut ngadenge pamadegan kitu teh.
Aya aya niat kuring rek nolak, tapi harita bet jadi inget kana padungdengan
dina milis ieu, di Kusnet asana mah dina taun 2001, kungsi dibahas "peran
Urang Sunda di Masyarakat", padungdengan kitu teh mimitina mah pedah ningali
anggota DPRD Jabar 70% lain urang Sunda nya dina eta padungdengan bet terus
aya rambat kamalena kana hirup kumbuh sapopoena urang Sunda, malah aya nu
togmol nyarita "...Urang Sunda mah tara daek maju kahareup tong boro dina
dunya politik dalah jadi Ketua RT we tara aya nu daek...geura we dina rapat
rapat ge urang Sunda mah sok dariuk ditukang ngumpul jeung
papadana...jst..."...(moal diteruskeun ah bisi disebut neluh maneh).
Sanggeus inget kadinya na da teu mikir panjang deui kuring narima jadi Ketua
RT, ngan kuring mere tanjakan intina mah "hade ku omong goreng ku omong" mun
aya masalah ..."kita harus bicara".
Nya ti mimiti tanggal 12 Agustus 2004 kuring nyangking kalungguhan jadi
Ketua RT, orokaya sanggeus jadi ketua teh geuning kudu rada loba kaluar
peuting, ngajak ngobrol jeung Satpam, ondangan gapleh...jrrd...!
Teuing atuh ieu kalungguhan teh bakal aya mangfaatna atawa bakal
gaplah...?...ari ceuk hiji sesepuh mah "...niatkeun ibadah we..." ambih
hampang karasana.
Eh...baraya...Insya Alloh dina kaping 21/8/04 bada isya di rorompok sim
kuring bade ngayakeun Pasanggiri Maca Carpon bilih bade ngaluuhan mangga
diantos...!!
MSasmita
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Do you Yahoo!?
Yahoo! Mail - 50x more storage than other providers!
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
| Yahoo! Groups Sponsor | |
|
|
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

