hahahaaaaaaaaaaaaaaaaaaaaaaah hahahaaaaaaaaaaaaaaaah !
barade yeueueueueueueueuh ........ seuri, jaba ngeunah, jaba gratis !
mendeko ! kumincir teaaaaaaaaaa atuh, apal meureun !

kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Hahah, cuciaaaaan........ deh si Abah!

Bubuhan kitu, manusa mah dibere sipat PANASARAN nu gede. Tong boro nu can
puguh, nu geus tangtu oge sok keukeuh dipecakan heula, da enya PANASARAN
tea!
Bah Didin nuju tumpak sapedah ka sakolakeun, di tengah jalan bet teu raos
tah galeongna sakadang tutumpakan teh. Barang ditingal ban pengkerna, bet
nyabeleye. "Bedul teh, kempes euy", gerentes si Abah. Eta, sakitu tos
buktos, katingal pas nuju ditumpakan dempak, keukeuh bae dicagap heula bari
dipencet. "Heueuh bae kempes..." gerentesna teh deuih. Kapan tatadi ge tos
buktos Abah, teu kedah dibuktoskeun ku dipencet deui sagala? "Kapan
PANASARAN, Jang!" saur Bah Didin bari neke kuring.
Nya kitu deui nalika si Abah nuju gegelehean na bangku tepas nu ditilaman
samak! Nuju anteng ngararaoskeun hiliwirna angin pasosonten, Abah Didin
kaganggu ku nu ngajeletot kana pingping. Barang ditingal, horeng aya tumbila
sagede kalapa (beunang marud). Atuh si Abah teh kesel, jetrek teh eta
tumbila ditindes nepi ka mejrel. Kapan sadaya oge tos terang, tos ti dituna,
ti jaman dinosaurus ngegel beusi keneh, ti jaman Aki sareng Nini Tirem, tos
jentre yen tumbila teh bau. Eta geura si Abah, sakitu tos terang tumbila
bau, jempol anu tilas nindes teh dicaketkeun heula kana pangambung, teras
diambung. "Bedul teh, heueuh we bau..." Edas!

jk

Didin Kustandi writes:
> Buzzzu busyeeeet ............... haramjadol, uing katipeng euy !
> Tak tage, hulu butak katinggang dage !
> Paingan ceuk kolot, kudu boga saku rangkepan.
> Heueuh, kawas nu manggih bungkusan di jajalanan, pan dina pikirna teh aya nu padungdengan : cek sirah nu sabeulah, wah pasti duit ! ari cek sirah nu sabeulah deui : piraku duit dipiceun, pasti taeun !
> Padungdengan teh manjang, da nyaeta teu manggih kasaluyuan.
> Duit ! Taeun ! ...... duit ! taeun ! ......... duit siah ! taeun siah !
> Tapi antukna mah dipulung tah bungkusan teh, terus dibuka. Barang bray ......... nya .................. cek aing oge ........ tai !



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Do you Yahoo!?
New and Improved Yahoo! Mail - 100MB free storage!

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke