Hahah, cuciaaaaan........ deh si Abah! 

Bubuhan kitu, manusa mah dibere sipat PANASARAN nu gede. Tong boro nu can 
puguh, nu geus tangtu oge sok keukeuh dipecakan heula, da enya PANASARAN 
tea!
Bah Didin nuju tumpak sapedah ka sakolakeun, di tengah jalan bet teu raos 
tah galeongna sakadang tutumpakan teh. Barang ditingal ban pengkerna, bet 
nyabeleye. "Bedul teh, kempes euy", gerentes si Abah. Eta, sakitu tos 
buktos, katingal pas nuju ditumpakan dempak, keukeuh bae dicagap heula bari 
dipencet. "Heueuh bae kempes..." gerentesna teh deuih. Kapan tatadi ge tos 
buktos Abah, teu kedah dibuktoskeun ku dipencet deui sagala? "Kapan 
PANASARAN, Jang!" saur Bah Didin bari neke kuring.
Nya kitu deui nalika si Abah nuju gegelehean na bangku tepas nu ditilaman 
samak! Nuju anteng ngararaoskeun hiliwirna angin pasosonten, Abah Didin 
kaganggu ku nu ngajeletot kana pingping. Barang ditingal, horeng aya tumbila 
sagede kalapa (beunang marud). Atuh si Abah teh kesel, jetrek teh eta 
tumbila ditindes nepi ka mejrel. Kapan sadaya oge tos terang, tos ti dituna, 
ti jaman dinosaurus ngegel beusi keneh, ti jaman Aki sareng Nini Tirem, tos 
jentre yen tumbila teh bau. Eta geura si Abah, sakitu tos terang tumbila 
bau, jempol anu tilas nindes teh dicaketkeun heula kana pangambung, teras 
diambung. "Bedul teh, heueuh we bau..." Edas! 

jk 

Didin Kustandi writes:
> Buzzzu busyeeeet ............... haramjadol, uing katipeng euy !
> Tak tage, hulu butak katinggang dage !
> Paingan ceuk kolot, kudu boga saku rangkepan. 
> Heueuh, kawas nu manggih bungkusan di jajalanan, pan dina pikirna teh aya nu 
> padungdengan : cek sirah nu sabeulah, wah pasti duit ! ari cek sirah nu sabeulah 
> deui : piraku duit dipiceun, pasti taeun !
> Padungdengan teh manjang, da nyaeta teu manggih kasaluyuan.
> Duit ! Taeun ! ...... duit ! taeun ! ......... duit siah ! taeun siah !
> Tapi antukna mah dipulung tah bungkusan teh, terus dibuka. Barang bray ......... nya 
> .................. cek aing oge ........ tai !



------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar.
Now with Pop-Up Blocker. Get it for free!
http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke