hihhii...
ngiringan ahh...
sok resep mun nyaritekeun masalah perjodoan...
lantaran jodoh mah sok araraneh.. kadang jorok..teu
nigali tempat sareng waktos..kadang jiga angin ngan
niup wungkul...kadang jiga katumbiri katingali tapi
teu tiasa diudag..

aya carita pribadi sim kuring neangan jodo..aya aya
bae lalampaheun teh..

da  mun inget basa baheula neangan pasangan hirup sok
nyengir ningali lalampahan teh...
sim kuring sok was was basa dina kaayaan jomblo..macul
terus balik ka kos..ngalamun jiga teu aya arah hirup
teh..babaturan wungkul nu ngajadikeun urg betah..bisa
seuseurian silih asih asuh...jeung babaturan...

kaayaan ngabalik basa babaturan teh tos pada tumbang
alias tos gaduh pasangan masing-masing..hirup teh asa
sepii...teu aya batur "curhat"...wah dialihkeun ka
pagawean, senangna harita wungkul da ari tos ka kos
mah sepi deui atuh....

arek naon atuh hirup teh...ngan gawe..neangan
duit..poya2 teu puguh arah...

dina pikiran eta sim kuring neangan naon anu kurang
dina hirup teh...alhamdullah jawabanna kedah gaduh
batur hirup...tapi sahaaa..???

tah di dinya sim kuring "tebar pesona", "searcing"...
tapi da sim kuring mah lain jelema gaul atuh...ka
kumpulan teu gaduh...rerencangan teu aya....ngan batur
setia teh komputer bae..nu tiap dinten ngabaturan...

chating jawabna.....

kenalan di chating jiga meuli ucing dijero karung..
teu pararuguh..padahal tos silih ngirim pic..
hasilna...hihihihh...

kungsi basa kenalan wanoja di chating janjian di pasar
raya manggarai..di basement... pinter tah
wanojana...di dinya teh teu aya sinyal pisan...jadi
teu tiasa silih komunikasi lewat hp..manehna ceunah
ngango baju bereum...
pas ka kafe..aduh poho lah ngaranna teh.. aya wanoja
pake baju beureum geulis pisan, bohay lah...geus
raratug teu puguh rarasaan...ieu mereun pijodoheun
teh...eehhhh aya monyetan..dasarrr lain eta wanoja
teh....
geus putus asa neangan wanoja eta...nu akhirna aya nu
noelll.....haiiii mass ridfan yahh...???
sudah lama loh kita nugguin dari jam 3....barang
ningali ka rarayna....ngagebeg atuh.....

sihorengteh lain wanoja tulen...alias
waria......eduull..!!

etamah da  titingalian jadi kararoneng...teubisa
sakecap acan.. kasima...arek lumpat da kumaha..arek
ngobrol da kumaha.......padahal dina suara di telpon
meni merdu...potona geulis.....wahhhh pokokna katipu
pisan....

loba pisan batur chatting nu pernah panggih.. janjian
di monas lah... dikuburan karet lah...aya oge kenalan
jeung  lain wanoja... alias kaum guy...aduuhh...
stress lahh... neangan jodoh tehh hese geuningan..mun
teu acan di bere mah.....

ehhhhh akhirnamah teu sangaja... teu niat2 acann..
panggih jeung wanoja di bus antar kota bari teu
ngahaja nyapana oge.. lantaran manehna buka buku
almamater nu sami jeung almamater sim kuring...atuh
jadi kenalan bae,...teu lila di harita ngan kenalan 6
bulan langsung rarabi.....ayeuna alhamdullah tos di
percanten gaduh hiji putri nu kacida lucuna.....


yahhh......jodohhhh...jodooohh memang anehh.... di
udag ngajauhan di tungguan teu datang2...eehh teu
ditunguan ujug2 nyamperkeun........

sakitu ahhh pangalama sim kuring...jadi cerpen
yeuhh...

jadi sabar wae nu masih ngajomblo..:)
nu penting usaha,......hehehe



                
_______________________________
Do you Yahoo!?
Win 1 of 4,000 free domain names from Yahoo! Enter now.
http://promotions.yahoo.com/goldrush



------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
$9.95 domain names from Yahoo!. Register anything.
http://us.click.yahoo.com/J8kdrA/y20IAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke