Buruan Cium Gue !
Lantaran panasaran ka pilem Buruan Cium Gue anu keur heboh lantaran adeganana matak ajol ajolan jajantung, si aki jeung si nini malem minggu kamari indit ka bioskop twentiwan nek lalajo. Dijero bioskop si aki teu ngiceup ngiceup ningali adegan anu keur silih lamot biwir, ari si nini mah jongjong we ngabeuweung borondong garing anu ditempat eta katelahna pop corn tea.
 
Balik lalajo si aki alewoh nyaritakeun deui adegan anu kungsi ditingali dina pilem eta.
" Nini asa kaingetan euy, pan salila urang bobogohan tug nepikeun kasakieu kolotna asana can ngasaan nu ngarana silih lamot biwir teh !" ceuk si aki mimiti kapangaruhan ku adegan pilem.
" Enya euy aki...kumaha mun urang nyalingker heula kanu poek !" tembal si nini satengah ngajalanan. Atuh teu diengkekeun deui dua duana terus nyalingker kanu poek. Dinu poek nu kadenge teh ngan ukur sora si nini semu ngaharoshos.
" Buruan cium dewek !"
 
Tilu jam tilu puluh menit tilu puluh detik, si aki jeung si nini kakara ting kulunu tinu poek, pok si aki nanya ka si nini.
" Nini....kumaha rasana euy ?"
" Ueudaannnn meennnn !" tembal si nini nurutan iklan energy drink.
" Niniii...ke..ke....rarasaan teh aya nu melag dina tikoro ?" ceuk si aki semu reuwas bari ngarancetan tikorona.
" Puguh nini ge keur reuwas ieu teh...huntu palsu nini luncat kamana nya?"
 
Setruk
Saprak aya iklan cai enteh anu dibotolan berhadiah kujalan ngumpulkeun setrukna. Anu jajan, boh direstoran atawa diwarung sok tara poho nanyakeun setrukna. Malahan jang Ibro waktu keur apel disuguhan cai enteh ku bebenena, manehna ngaharewos.
" Yang....kade hilap setrukna !" padahal cai enteh anu disuguhan teh lain anu dibotolan, tapi ngadadak naheur dina hawu.
Kocapkeun dihiji restoran, dihareupeun kasir ngagimbung anu nek mayar kadaharan kumplit jeung inuman cai enteh nu dibotolan tea, keur ngagimbung kitu, aya salah saurang jalma nu teu sabar hayang geura meunang setrukna, tur langsung ngagorowok kakasir.
" Gewat euy setrukna, dewek butuh pisan !" Pokna rada teugeug
" Sabar atuh kang !" tembal kasir bari baeud.
Sanggeus meunang setruk mah sijalma  teh, langsung we ngabecir kaluar, atuh puguh we si kasir nyalukan.
" Kang ieu katuanganana diculkeun wae !"
" Mangga we kanggo eneng, abdi mah butuh setrukna wae !"
" Jadi ujang teh butuh setruk kitu ?" ceuk hiji jalma tengah tuwuh,anu kakara asup tur leungeunna semu ngoroncod sarta mamake iteuk.
" Eh..muhun pa...abdi butuh pisan...naha bapa kagungan kitu ?"
" Puguh bapa teh tos lima taun gaduh setruk, mangga upami peryogi mah ku bapa bade dipasihan..bapa mah tos bosen ngubaran !" (SR)
  


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke