Pa Kuncen kumaha upami kintunan kang Syam teh dibendel lebetkeun ka Babakan...
kanggo teang-teangeun jaga..
Pihatur
SSW
syam ridwan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
syam ridwan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Keom kahiji
Dasar milik, Karsih meunang undian anu hadiahna pelesir ka Uruguay kalayan garatis tur dibere bekel sacukupna. Nepi ka Uruguay, dihiji terminal Karsih gura giru asup kahiji wc umum, sigana geus teu tahan hayang sacer cereun kiih. Lima belas menit tilu puluh detik Karsih dijero wc, pas kaluar kasampak dihareupeun wc geus ngantri anu nek asup. Panghareupna saurang nini nini anu paromana semu pucet lantaran lila teuing nahan. Pas ningali panto wc muka gura giru sinini asup, tapi aneh teu kungsi lila sinini balik deui bari noel ka Karsih pok nanya.
" Nyi...nyi urang sunda nya ?" ceuk sinini bari melong anteb." Mu..mu..muhun!" tembal Karsih asa asa, dijero hatena mah ngarasa reueus.." Heueuh ari ka wanoja sunda mah moal kapalingan najan dialakpaul ge tetep we arapaleun lantaran aya ciri hasna gareulis tur aramucuy rupana !" Gerentes Karsih,bari uman imen gumeulis dihareupeun sinini." Nini geuning apal yen abdi urang sunda, pasti katawis tina raray abdi nya ?"" Lain euy, tapi katara tina urut wc-na bau jengkol !"Keom kaduaDisalahsahiji kios dompet, saurang pamuda anu leungeuna pinuh ku tato keur anteng cinekul milihan dompet." Mangga kang...ieu kaluaran enggal asli tina kulit dinosaurus, tah pami nu ieu tina kulit godzila !" ceuk tukang dompet." Aya model sejen ?"" Sadayana ge sami kang...model anti copet..ngan nu benten teh rantena panginten...aya nu saageung rante anjing, tah upami hoyong saageung rante kapal kedah pesen heula !"" Jadi sia nu ngabangkrutkeun pakasaban aing teh !" ceuk eta pamuda ujug ujug nyeuneu." Maksad akang ?"" Paingan kabeh jalma, make dompet anti copet da tisialing nya ?"" Sae atuh kang, meh aman !"" Sae sae tai pedut...buktina panghasilan dewek ngurangan !"" Jadi akang ge tukang dompet oge kitu ?""Lain !"" Naha geuning bet nyalahkeun ka abdi, nya pakasaban akang teh naon kitu ?"" Mun teu nyaho mah dewek teh raja copet..deuleu !"syam ridwan
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
| Yahoo! Groups Sponsor | |
|
|
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

