|
Keom kahiji
Dasar milik, Karsih meunang
undian anu hadiahna pelesir ka Uruguay kalayan garatis tur dibere bekel
sacukupna. Nepi ka Uruguay, dihiji terminal Karsih gura giru asup kahiji wc
umum, sigana geus teu tahan hayang sacer cereun kiih. Lima belas menit tilu
puluh detik Karsih dijero wc, pas kaluar kasampak dihareupeun wc geus ngantri
anu nek asup. Panghareupna saurang nini nini anu paromana semu pucet lantaran
lila teuing nahan. Pas ningali panto wc muka gura giru sinini asup, tapi aneh
teu kungsi lila sinini balik deui bari noel ka Karsih pok nanya.
" Nyi...nyi urang sunda nya ?" ceuk sinini bari
melong anteb.
" Mu..mu..muhun!" tembal Karsih asa asa, dijero
hatena mah ngarasa reueus..
" Heueuh ari ka wanoja sunda mah moal
kapalingan najan dialakpaul ge tetep we arapaleun lantaran aya ciri hasna
gareulis tur aramucuy rupana !" Gerentes Karsih,bari uman imen gumeulis
dihareupeun sinini.
" Nini geuning apal yen abdi urang sunda, pasti
katawis tina raray abdi nya ?"
" Lain euy, tapi katara tina urut wc-na bau
jengkol !"
Keom kadua
Disalahsahiji kios dompet, saurang pamuda anu
leungeuna pinuh ku tato keur anteng cinekul milihan dompet.
" Mangga kang...ieu kaluaran enggal asli tina
kulit dinosaurus, tah pami nu ieu tina kulit godzila !" ceuk tukang
dompet.
" Aya model sejen ?"
" Sadayana ge sami kang...model anti
copet..ngan nu benten teh rantena panginten...aya nu saageung rante anjing, tah
upami hoyong saageung rante kapal kedah pesen heula !"
" Jadi sia nu ngabangkrutkeun pakasaban aing teh
!" ceuk eta pamuda ujug ujug nyeuneu.
" Maksad akang ?"
" Paingan kabeh jalma, make dompet anti copet da
tisialing nya ?"
" Sae atuh kang, meh aman !"
" Sae sae tai pedut...buktina panghasilan dewek
ngurangan !"
" Jadi akang ge tukang dompet oge kitu
?"
"Lain !"
" Naha geuning bet nyalahkeun ka abdi, nya
pakasaban akang teh naon kitu ?"
" Mun teu nyaho mah dewek teh raja copet..deuleu
!"
syam ridwan
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
|
- [Urang Sunda] KEOM sakedap syam ridwan
- RE: [Urang Sunda] KEOM sakedap syam ridwan
- RE: [Urang Sunda] KEOM sakedap MSasmita
- Re: [Urang Sunda] KEOM sakedap syam ridwan
- Re: [Urang Sunda] KEOM sakedap Siddik Wiradireja
- Re: [Urang Sunda] KEOM sakedap Siddik Wiradireja
- RE: [Urang Sunda] KEOM sakedap MSasmita
- Re: [Urang Sunda] KEOM sakedap eko107
- RE: [Urang Sunda]Apa sidik Nety Martin
- RE: [Urang Sunda]Apa sidik Siddik Wiradireja
- RE: [Urang Sunda]Apa sidik Nety Martin
- RE: [Urang Sunda]Apa sidik Siddik Wiradireja

