Derna Pasanggiri Maca Carpon Sunda sa-RW di tempat sim kuring, dimimitian tabuh dalapn peuting, malem Minggu kamari, patandang aya 18 urang, turun patandang teh lamun dibandingkeun jeung pasanggiri Maca Dongeng Barudak Basa Sunda taun nu geus kaliwat, da basa taun 2003 mah patandang teh aya 38 urang. Ngan ayeuna mah loba barudak ngora anu ngiluan. Pasanggiri teh patandangna dibagi dua , aya Sunda jeung Non Sunda. Dina salah sahiji carita anu dibaca aya kecap "reueuy", anu haladir harita loba anu nanya, naon hartina, lantaran eta kecap teh geus arang langka kadenge, tong boro ku barudak, dalah ku anu geus kolot ge teu ngartieun, kaasup kuring. Kapaksa kurah koreh kana Kamus, untung we dina KUBS aya kecap "reueuy" hartina teh : papagan daun salam atawa daun sejenna, caina, cai papagan, dipake keur nyelep heurap, ambih tambah kuat. Harita keneh harti reueuy sina dibacakeun ku protokol (protokol budak ngora), atuh nu hadir nganuhunkeun kana eta bewara. Acara anggeusan tabuh satengah dua welas peuting, Girang Pangajen ngabewarakeun saha saha anu meunang, anggota pangajen ti Teater Sunda Kiwari, bari ngajelaskeun unsur naon bae anu dipeunteun, atuh teu kaliwat Inohong Teater Kiwari (Pa Dadi) mere wejangan kumaha anu alus ari maca Carpon. Sakitu beja di RW kuring.
MSasmita ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar. Now with Pop-Up Blocker. Get it for free! http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

