Kabita pisan abi mah , Uwa...
Ngiringan pasanggiri maca Carpon sunda...emh..sok ras inget mangsa keur budak, kaleresan mamang teh gaduh lingkung seni nu anggotana barudak karang taruna di lembur, ti leuleutik mun aya nu hajatan abi sok kapapancenan jadi lengser, mun agustusan sok nyalung ngahibur lembur, dua bulan sakali mentaskeun drama sunda ku waragad nu saayana.
Ayeuna mah Uwa....sediiihhh hate , da di pangumbaraan mah jauh pisan kana budaya sunda, mun aya kacapi suling atanapi haleuang sinden dina radio teh, teu karaos sok ngeclak cipanon.
Uwa..ari dina Internet dimana atuh abi tiasa maos carpon-carpon sunda utamina carpon seratan uwa /
hatur nuhun ?

MSasmita <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Derna Pasanggiri Maca Carpon Sunda sa-RW di tempat sim kuring, dimimitian
tabuh dalapn peuting, malem Minggu kamari, patandang aya 18 urang, turun
patandang teh lamun dibandingkeun jeung pasanggiri Maca Dongeng Barudak Basa
Sunda taun nu geus kaliwat, da basa taun 2003 mah patandang teh aya 38
urang.
Ngan ayeuna mah loba barudak ngora anu ngiluan.
Pasanggiri teh patandangna dibagi dua , aya Sunda jeung Non Sunda.
Dina salah sahiji carita anu dibaca aya kecap "reueuy", anu haladir harita
loba anu nanya, naon hartina, lantaran eta kecap teh geus arang langka
kadenge, tong boro ku barudak, dalah ku anu geus kolot ge teu ngartieun,
kaasup kuring.
Kapaksa kurah koreh kana Kamus, untung we dina KUBS aya kecap "reueuy"
hartina teh : papagan daun salam atawa daun sejenna, caina, cai papagan,
dipake keur nyelep heurap, ambih tambah kuat.
Harita keneh harti reueuy sina dibacakeun ku protokol (protokol budak
ngora), atuh nu hadir nganuhunkeun kana eta bewara.
Acara anggeusan tabuh satengah dua welas peuting, Girang Pangajen
ngabewarakeun saha saha anu meunang, anggota pangajen ti Teater Sunda
Kiwari, bari ngajelaskeun unsur naon bae anu dipeunteun, atuh teu kaliwat
Inohong Teater Kiwari (Pa Dadi) mere wejangan kumaha anu alus ari maca
Carpon.
Sakitu beja di RW kuring.

MSasmita










Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Messenger - Communicate instantly..."Ping" your friends today! Download Messenger Now

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke