Kang Dhanny...carpon anu dibaca dina pasanggiri kamari, kumpulan carpon tina Beregejed (Carita Guguyon Sunda/Geger Sunten/Taufik Faturohman), ngahaja milih carpon teh anu semu semu heureuy, hal ieu dilaksanakeun kumargi tingkat apresiasi patandang teu sami, aya Ibu Rumah Tangga, aya Budak sakola, aya Penganggur, aya Bapa PNS jste.
Sareng ieu lengkah teh tiasa disebat ngalalanyahan, sugan kapayun beuki nambihan, boh jumlah patandang boh tingkat apresiasi, da kamari ge aya nu nyuhunkeun panjelasan kumaha saena maca hiji carpon.
Kang Dhanny,....sim kuring mah arang langka tulas tulis nyieun carpon, tara kawenehan taun hiji, aya tulas tulis mah mung da eta mah konsumsi laci meja, kantos ngintun ka Mangle mung teu acan aya nu dimuat, tangtosna margi seueur keneh kakirang.
Dina internet teu acan aya,...duka kapayun mah, da aya gerentes hate ngadamel Situs pribadi, mung bade bari icalan buku buku Sunda, kanggo kagiatan saatos pangsiun.
 
MSas
 
 
 
-----Original Message-----
From: Dhanny Kurnia [mailto:[EMAIL PROTECTED]
Sent: Monday, August 23, 2004 9:32 AM
To: [EMAIL PROTECTED]
Subject: Re: [Urang Sunda] reueuy.

Kabita pisan abi mah , Uwa...
Ngiringan pasanggiri maca Carpon sunda...emh..sok ras inget mangsa keur budak, kaleresan mamang teh gaduh lingkung seni nu anggotana barudak karang taruna di lembur, ti leuleutik mun aya nu hajatan abi sok kapapancenan jadi lengser, mun agustusan sok nyalung ngahibur lembur, dua bulan sakali mentaskeun drama sunda ku waragad nu saayana.
Ayeuna mah Uwa....sediiihhh hate , da di pangumbaraan mah jauh pisan kana budaya sunda, mun aya kacapi suling atanapi haleuang sinden dina radio teh, teu karaos sok ngeclak cipanon.
Uwa..ari dina Internet dimana atuh abi tiasa maos carpon-carpon sunda utamina carpon seratan uwa /
hatur nuhun ?



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke