Nuhun Kang Hasan kateranganna, sim kuring ngiring mulungan. Upama ditilik asal kecapna, "kakayon" teh nya kakayuan atawa sarupaning kakaian, jembarna leuweung tea.
Mireungeuh kecap "puraga", emut kana babasan "puraga tamba kadenda". Harti lain tina "puraga" teh meureun "daek" atawa "purun" atawa heunteu talangke ngalakasanakeun pancen. Kecap "jati" ilaharna nunjukkeun hiji hal anu kuat, biasana nyoko kana pamadegan, ciri atawa identitas manusa. Geus ilahar babasan "jati kasilih ku junti", hartosna, diantarana, anu asli kasilih ku nu datang pandeuri atawa anu ti luar; atawa budaya sorangan kasilih ku budaya luar. Upama diruntuykeun jadi "kakayon Puaragajati", kuring samapadegan sareng Kang Hasan, kudu daek miara leuweung pikeun kalangsungan jatidiri kahirupan. Ieu lalakon teh bagian tina mulasara kabuyutan tea, sakumaha diabadikeun dina sababaraha prasasti. Pikeun langkung ngeuyeuban guaran carita pawayangan, aya saena Kang Ilen di milist [EMAIL PROTECTED] digentraan. Anjeunna, sok sanaos kasangtukang atikanna mah insinyur perminyakan, namung kalintang percekana dina ngaguar carita pawayangan. Mangga lajeungkeun. Baktos, manAR --- In [EMAIL PROTECTED], mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > mun teu salah mah kieu tarjamah bebasna teh, kang > cecep: > > leuweung pikeun kalangsungan hirup manusa. > > salam, > mh > > --- Cecep Wahyu <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > > Haturan baraya sadaya.. > > Minggon kamari, kuring teh nongton Wayang Golek, anu > > judulna " Kakayon > > Puragajati " ( leres kitu Puragajati? hilap deui ) > > Tah sim kuring bade naros, hartosna kakayon > > Puragajati teh naon? > > > > sareng leres saur saha kamari teh, naha si Gareng > > teu aya? mung Cepot sareng > > Dawala wungkul anu aya teh.. > > > > Hatur nuhun sateuacanna > > > > Baktosna, > > Ule van Lobam > > > > > > _______________________________ > Do you Yahoo!? > Win 1 of 4,000 free domain names from Yahoo! Enter now. > http://promotions.yahoo.com/goldrush ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar. Now with Pop-Up Blocker. Get it for free! http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

