Bade urun rembuk,
Upami Abdi mah ngagaduhan hastos tina perkawis "Kakayon Puragajati" teh ngan saukur siloka atawa perumpamaan. Ari nu di maksad dina carita eta teh aya hiji jalma anu tos ngarasa luhur pangarti jembar tina harta kakayaan jeung tos dipercaya ku rakyat nu aya dinagara eta, tapi poho kana purwadaksina. dipake kana nu teu bener nepika rakyat ge dibobodo.
Rakyat dititah ngagali kakayaan tina mimiti anu biasa nepika anu luar biasa "Leuweung" anu cek artian kakayaan anu teu aya bandingan nana demi manehna ngatas nama keun nagara jeung rakyat.
Eta teh kudu dicegah tur alus pisan Ki Asep Sunandar milih judul eta teh berkaitan jeun pemilu nu sakedap deui bakalan ku urang dilaksanakeun. Urang kudu sing bener milih Pimpinan ieu nagara ulah sampe kajadian deui "KAKAYON PURAGAJATI" di nagara urang.
Sakitu bae kurang leuwihna nuhunkeun dihampura.
Amin
Wasalam
Bahar[Askun]
Oman Abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Nuhun Kang Hasan kateranganna, sim kuring ngiring mulungan. Upama
ditilik asal kecapna, "kakayon" teh nya kakayuan atawa sarupaning
kakaian, jembarna leuweung tea.
Mireungeuh kecap "puraga", emut kana babasan "puraga tamba kadenda".
Harti lain tina "puraga" teh meureun "daek" atawa "purun" atawa
heunteu talangke ngalakasanakeun pancen.
Kecap "jati" ilaharna nunjukkeun hiji hal anu kuat, biasana nyoko
kana pamadegan, ciri atawa identitas manusa. Geus ilahar
babasan "jati kasilih ku junti", hartosna, diantarana, anu asli
kasilih ku nu datang pandeuri atawa anu ti luar; atawa budaya
sorangan kasilih ku budaya luar.
Upama diruntuykeun jadi "kakayon Puaragajati", kuring samapadegan
sareng Kang Hasan, kudu daek miara leuweung pikeun kalangsungan
jatidiri kahirupan. Ieu lalakon teh bagian tina mulasara kabuyutan
tea, sakumaha diabadikeun dina sababaraha prasasti.
Pikeun langkung ngeuyeuban guaran carita pawayangan, aya saena Kang
Ilen di milist [EMAIL PROTECTED] digentraan. Anjeunna, sok
sanaos kasangtukang atikanna mah insinyur perminyakan, namung
kalintang percekana dina ngaguar carita pawayangan.
Mangga lajeungkeun.
Baktos,
manAR
--- In [EMAIL PROTECTED], mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> mun teu salah mah kieu tarjamah bebasna teh, kang
> cecep:
>
> leuweung pikeun kalangsungan hirup manusa.
>
> salam,
> mh
>
> --- Cecep Wahyu <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> > Haturan baraya sadaya..
> > Minggon kamari, kuring teh nongton Wayang Golek, anu
> > judulna " Kakayon
> > Puragajati " ( leres kitu Puragajati? hilap deui )
> > Tah sim kuring bade naros, hartosna kakayon
> > Puragajati teh naon?
> >
> > sareng leres saur saha kamari teh, naha si Gareng
> > teu aya? mung Cepot sareng
> > Dawala wungkul anu aya teh..
> >
> > Hatur nuhun sateuacanna
> >
> > Baktosna,
> > Ule van Lobam
>
>
>
>
>
> _______________________________
> Do you Yahoo!?
> Win 1 of 4,000 free domain names from Yahoo! Enter now.
> http://promotions.yahoo.com/goldrush
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Do you Yahoo!?
Win 1 of 4,000 free domain names from Yahoo! Enter now.
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
| Yahoo! Groups Sponsor | |
|
|
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

