he he he, padahal kuring mah sakasampeurna nu kungsi
inget dina lelembutan. keun wae mun salah mah aya kang
dien, ua sas, kang oman, sareng juru tafsir sanesna,
anu baris ngabebener.

'kakayon' teh asal kecapna tina 'ka-kayu-an', taya
sanes tatangkalan, ngan jadi robah sora, kitu ilaharna
kecap rajekan dina basa sunda. jiga kecap 'pabukon'
asalna tina 'pa-buku-an', anu hartina sarua jeung
perpustakaan. 

'puragajati' kecap kantetan tina 'puraga' sareng
'jati'. asana 'puraga' teh hartina 'syarat' pikeun
nedunan pamaksudan tertentu. geuning aya paribasa
'puraga tamba ka denda' hatina 'pikeun nedunan
pasyaratan'. ari 'jati' sok dilarapkeun jeung
'jatidiri' manusa, bisa dihartikeun kahirupan manusa. 

tah kitu kira-kira kang cecep.

wallahu a'lam
mh


--- Cecep Wahyu <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> Ohhh.... 
> berarti cocog lah sareng jalan caritananya kang
> Hasan, da kan nyarioskeun
> eta geuningan kulantaran milarian eta kakayon
> Puragajati, leuweung di bukbak
> kabeh dituaran.. terus ku ngarasa aing geus boga
> gelar sakadang Resi jeung
> boga pangaruh, teu daek nampa pangeling ti si Buta
> anu ngingeutan rehna mun
> eta leuwueng dibukbak, diruksak.. kahirupan manusa
> oge bakalan ngilu
> ruksak..
> 
> punten upami hartosna hiji hiji naon? Kakayon
> hartosna naon, sareng
> Puragajati hartosna naon?
> soalna pun jikun teh naroskeun oge rerencangan
> naroskeun.. kan isin kuring
> teh ngaku US tapi teu ngarti..heheheheee..
> 
> Hatur nuhun pisan
> 
> Baktosna,
> 
> 
> -----Original Message-----
> From: mh [mailto:[EMAIL PROTECTED]
> Sent: Tuesday, August 24, 2004 10:58 AM
> To: [EMAIL PROTECTED]
> Subject: Re: [Urang Sunda] Kakayon Puragajati
> 
> 
> mun teu salah mah kieu tarjamah bebasna teh, kang
> cecep: 
> 
>     leuweung pikeun kalangsungan hirup manusa.
> 
> salam,
> mh
> 


__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail.yahoo.com 


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
$9.95 domain names from Yahoo!. Register anything.
http://us.click.yahoo.com/J8kdrA/y20IAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke