Duh.... meuni rame pisan kang Ya..., abong nya nu luhung ku elmu mah kitu tah, kaditu kadieu dipenta ku itu ku ieu matak reueus lah.
Tapi eta kumaha kang Ya..., pan ping 5 Teh aya menbal di Yong In University, wah... wah ... wah ... manajer na ge kalah keur liburan di lembur, tapi teu nanaon lah . salamna we ka urang lembur kang Ya... ti KETUA IKMI KOREA nya. salajeungna mah manawi teu kaabotan abdi seuja pesen buku kang Ya... judulna "La Tahzan" Dr. Aidh Al-Qarni, terbitan Qisthi Press. "Melintas Gerbang Sempit" karya KAREN ARMSTRONG, tah eta pami aya waktos kang Ya... hapunteun kang Ya, sanes abdi kumawantun nanging da kumaha atuh lebar mungpung nuju aya di lembur, tah pami aya waktos pamugi teu kaabotan. cag ach... --- Rukayadi Yaya <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Baraya..daramang nun??? > > Minggu, 22 Agustus, peuting tabuh 9.40 anjok ka > Cengkareng teh terus bae ka ngendong di Blok M, cape > pisan asa diudag ajag. > > Senen isuk, 23 Agustus, rapat di Indofarma di > Cibitung, emh..ngenes ningali nasib Indofarma anu > amurasut teu puguh urus, karunya....deudeuh teuing. > > Senen beurang, rapat di Martina Bertho Martha > Tilaar, > resep 70% umat di Martha Tilaar mah wanoja, gareulis > deuih, nu make cindungge loba, betahlah ari rapat > jeung kunjungan ka Martha Tilaar teh kuring mah. > > Salasa, 24 Agustus 2004, ti isuk jedur nepi ka sore > jeder, rapat urusan bisnis jeung PT. Haldin, isuk > rapat di Rasuna Sahid terus kujungan ka pabrikna di > Cikarang enya ka JABABEKA, kungsi neangan sawah Kang > Hendry, teu kapanggih.....nepi ka Bandung tabuh hiji > isuk-isuk. > > Rebo, 25 Agustus, sare sapopoe cape..... > > Kemis, 26 Agustus...kakara mucunghul deui, engke > peuting rek ka Semarang kana kareta rek aya Kongres > Mikrobiologi Indonesia di UNDIP, kuring kudu mere > seminar, terus aya kunjungan ka pabrik Vitaher. > > Mingu rencana balik ti Semarang..bade liburan > nepikeun > ka tanggal 5 di Bandung-Sumedang-Situraja. > > Hayang panggih euy jeung baraya..ieu aya HP abdi : > 0813-2101-1977 > > Yaya Rukayadi > > > > > > > > > > __________________________________ > Do you Yahoo!? > New and Improved Yahoo! Mail - Send 10MB messages! > http://promotions.yahoo.com/new_mail > __________________________________ Do you Yahoo!? Yahoo! Mail Address AutoComplete - You start. We finish. http://promotions.yahoo.com/new_mail ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar. Now with Pop-Up Blocker. Get it for free! http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

