Haturan kang Ya......wilujeng sumping di lembur katineng, hanjakalnya sok pasalingsingan, teteh wangsul kang yaya sumping, duka iraha pendak deui .....?
Kamari si teteh istirahat sakedap di Sumedang sawangsulna ti bdg, eta ge emut kang yaya, upami tos aya dilembur mah tangtos sindang heula.
Mangga wilujeng dag-deg-dog  wae, mugia lancar tur sukses.......amin
 
Salam
teh tien

Rukayadi Yaya <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Baraya..daramang nun???

Minggu, 22 Agustus, peuting tabuh 9.40 anjok ka
Cengkareng teh terus bae ka ngendong di Blok M, cape
pisan asa diudag ajag.

Senen isuk, 23 Agustus, rapat di Indofarma di
Cibitung, emh..ngenes ningali nasib Indofarma anu
amurasut teu puguh urus, karunya....deudeuh teuing.

Senen beurang, rapat di Martina Bertho Martha Tilaar,
resep 70% umat di Martha Tilaar mah wanoja, gareulis
deuih, nu make cindungge loba, betahlah ari rapat
jeung kunjungan ka Martha Tilaar teh kuring mah.

Salasa, 24 Agustus 2004, ti isuk jedur nepi ka sore
jeder, rapat urusan bisnis jeung PT. Haldin, isuk
rapat di Rasuna Sahid terus kujungan ka pabrikna di
Cikarang enya ka JABABEKA, kungsi neangan sawah Kang
Hendry, teu kapanggih.....nepi ka Bandung tabuh hiji
isuk-isuk.

Rebo, 25 Agustus, sare sapopoe cape.....

Kemis, 26 Agustus...kakara mucunghul deui, engke
peuting rek ka Semarang kana kareta rek aya Kongres
Mikrobiologi Indonesia di UNDIP, kuring kudu mere
seminar, terus aya kunjungan ka pabrik Vitaher.

Mingu rencana balik ti Semarang..bade liburan nepikeun
ka tanggal 5 di Bandung-Sumedang-Situraja.

Hayang panggih euy jeung baraya..ieu aya HP abdi :
0813-2101-1977

Yaya Rukayadi








           
__________________________________
Do you Yahoo!?
New and Improved Yahoo! Mail - Send 10MB messages!
http://promotions.yahoo.com/new_mail


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Do you Yahoo!?
Yahoo! Mail - 50x more storage than other providers!

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke