Haturan teh Nety.................
Alhamdullilah aya hibar, sae teh..!!, nuhun pangdua.
Kumaha sawalerna teteh oge damang..?
Sumuhun parantos patepang sareng Neng Ani kalih teh Icho, mani resep sapertos ABG wae, mejeng di Atrium Senen.
Kawitna bade ngintun foto tapi tos dipasihan neng Ani mah atuh teu cios sami wae, mung teteh mah tos sepuh, mung kitu wae sok ula-ilu, janten wae ka candak anom..he he
Mangga atuh diantos linggih di rorompok, kalintang bingah na ka sumpingan teh Nety anu nuju ngalalana di negri batur,,,?
No tlp teteh 031- 8287609, 031- 3502274, hp 081 859 0856
Kumaha wartosna 17 Agustusan rame teu diditu...?
 
Salam sono
 
teh tien 
Nety Martin <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

Teh Kumaha damang?
mugia teteh sakulawargi sing aya dina panangtayungan
Alloh swt.
eh...ceunah saur neng ani pendak sareng teh
tien,anjeuna nyarios resep cenah.beu abdi meuni
kabita,hanjakal teu tiasa pendak,engke baelah pami uih
ka indo ,uarng ngajak neng ani ka surabaya naek
kareta,sigana resepnya,batan nganggo mobil.
eh nuhun photona,kamari neng ani ngintun phot teh
tien,sareng photo kang yaya,kang oma.
beu..si teteh meuni gesit keneh.naon tah resepna?
katingali wibawa indung peutingmah.
mana no tlp hp teteh?
sok atuh abdi geura longok didieu,mangkanang tebih ti
kulawarga.
teh aya bubu pecel anu raos damelan ti surabaya,pami
teu lepat namina bumbu pecel echo,weah etamah karesep
abdi,ngan hanjakal didieu teu aya.
pasti teh tien terang.
cag heula ah bade masihan susu kanggo michel.

sonona
nety sakulawargi

    



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Do you Yahoo!?
New and Improved Yahoo! Mail - 100MB free storage!

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke