Aduh Hatur Nuhun Kang Tantan abdi the parantos di jantenkeun Pi contoh -/+ aya Deui yeuh...
Nepangkeun Kang Tantan Ti Baraya Yusuf -----Original Message----- From: tantan hermansah [mailto:[EMAIL PROTECTED] Sent: Friday, September 03, 2004 9:28 PM To: [EMAIL PROTECTED] Cc: [EMAIL PROTECTED] Subject: [Urang Sunda] Yusuf ngawadul ah... Yusuf Ceuk paninggali kuring, Yusuf teh simbol--sok sanajan aya nyaan-- tina hiji hal anu pangpentingna dina hirup kumbuh jalma rea: kajujuran. ngomongkeun kajujuran poe ieu, memang siga ngomongkeun palsapah jaman SOCRATES (kirang langkung 469-399 sateuacan taun masehi). naon maksudna. enya, harita palsapah anu diluluguan ku kaum SHOFIS (mun ieu keukeuh kudu make "f" soalna lain kalimah parabot basa, tapi istilah komunitas) tea, geus kaluar tina ajen dirina anu ngalakukan proses enlightenment atawa "pencerahan" tea. jaman shofis, palsapah anu ngabogaan tugas mulia nyaeta nyaangan rahayat loba, direduksi (diturunkeun darajat) ku kaliheyan maranehna jadi hiji metodologi jang ngelehkeun batur. palsapah jadi arena (tempat ngadu ajen) dina paloloba omong. punten, maksud "paloloba omong" didieu dipake jang ngagambarkeun dialog kiritis teh lain keur neangan cara mereskeun masalah, tapi keur ngelehkeun batur tur naekkeun dirina. tah ari nu kieu lain jang paloloba omong. bisi jauh teuing. kunaon bet kudu nyinggung Socrates? sabab manehna nunjukkeun hiji metode (anu teu kawilang) anyar anu intina malikkeun deui tugas pilsapat kana cita-cita sajatina: nyaeta mawa rahayat kana proses pencerahan tea. Saeutik ngenaan Socrates: paninggali kuring, ku metode tabyin, menta penjelasan, atawa dialog kiritis-na, Socrates mampu mere caang keur dunia ilmu pengetahuan harita. anjeuna anu handap asor, anu konsisten, tur anu gede kawani mun dina masalah kayakinan anu dicekelna, geus ngailhaman loba intelektual yen tugas maranehma lain nyasarkeun rahayat anu maca hasil olah intelektualna, tapi justru kudu mere jalan supaya rahayat manggihan bebeneran. ngan memang sikep kieu teh lain tanpa resiko. malah anu boga kakawasaan mah teu resep. buktina Socrates dihukum kudu nginum racun. dina salah sahiji dialog antara pangadilan harita jeung manehna, aya obrolan anu (ceuk kuring)pikatajieun : Hakim: Naon anu geus dilakukeun ku Socrates sahingga manehna kudu dihukum Penggugat (pamarentah waktu harita): Socrates geus nyieun kakacowan di ieu nagri,manehna geus mangaruhanan nonoman-nonoman ieu nagri sahingga geus nyababkeun chaos tur ayana instabilitas...jrrd. HAkim: bener eta teh? Scorates: Paduka Hakim, anu dilakukeun ku kuring ka saha wae ngan nanya: kunaon bet kitu? ku naon bet bisa kitu? ku naon heunteu kieu? kumaha lamu kitu? Kumaha mun kieu? jsb... Balik deui ka Yusuf anu jadi inti wadulan urang tea. Yusuf, sok sanajan cenah manehna teh ngabogaan pamenteu anu kacida kasepna, tapi kajujurana anu nyababkeun anjeuna kenging darajat luhur. Kajujuran di mana? Jeung nalika naon? conto: nalika manehna deuk diajak ngalakukeun pagawean maksiat. Yusuf jujur yen anu kitu teh teu menang. nalika dipenta tafsir ngenaan mimpi, Yusuf nerangkeun saujratna. Ken we Yusuf. urang ngawadul anu kasaksian poe ieu: Ratusan anggota DPR (lolobana anu katohyan mah DPRD II) disangka salaku palaku2 korup. malah sababaraha urang geus diabuskeun ka asrama pordeo. cing kila-kila naon anu kieu? Ceuk kuring, sacara gampang tur sederhana mah urang geus ngarubuhkeun salah sahiji tihang anu pang pentingna dina ngawangun hiji bangsa: kajujuran. mun maranehna dek jujur, pasti teu kudu kokorowot siga beurit di goah tempat pare. mun maranehna jujur, pasti teu kudu aya kajadian kitu. cenah, naon anu ayeuna katenjo teh ngan siga penomena gunung es. aya anu lewih gede deui, nyaeta anu teu katinggali, teu katohyan, atawa memang ulah katohyan, atwa urang embung nohyan sabab aya dina bagean sistim eta. cing leres teu? cag, tantan __________________________________ Do you Yahoo!? New and Improved Yahoo! Mail - 100MB free storage! http://promotions.yahoo.com/new_mail Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar. Now with Pop-Up Blocker. Get it for free! http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

