ngawadul ah...
Yusuf
Ceuk paninggali kuring, Yusuf teh simbol--sok sanajan
aya nyaan-- tina hiji hal anu pangpentingna dina
hirup kumbuh jalma rea: kajujuran.
ngomongkeun kajujuran poe ieu, memang siga ngomongkeun
palsapah jaman SOCRATES (kirang langkung 469-399
sateuacan taun masehi). naon maksudna. enya, harita
palsapah anu diluluguan ku kaum SHOFIS (mun ieu
keukeuh kudu make "f" soalna lain kalimah parabot
basa, tapi istilah komunitas) tea, geus kaluar tina
ajen dirina anu ngalakukan proses enlightenment atawa
"pencerahan" tea. jaman shofis, palsapah anu ngabogaan
tugas mulia nyaeta nyaangan rahayat loba, direduksi
(diturunkeun darajat) ku kaliheyan maranehna jadi hiji
metodologi jang ngelehkeun batur. palsapah jadi arena
(tempat ngadu ajen) dina paloloba omong. punten,
maksud "paloloba omong" didieu dipake jang
ngagambarkeun dialog kiritis teh lain keur neangan
cara mereskeun masalah, tapi keur ngelehkeun batur tur
naekkeun dirina. tah ari nu kieu lain jang paloloba
omong.
bisi jauh teuing. kunaon bet kudu nyinggung Socrates?
sabab manehna nunjukkeun hiji metode (anu teu
kawilang) anyar anu intina malikkeun deui tugas
pilsapat kana cita-cita sajatina: nyaeta mawa rahayat
kana proses pencerahan tea.
Saeutik ngenaan Socrates: paninggali kuring, ku metode
tabyin, menta penjelasan, atawa dialog kiritis-na,
Socrates mampu mere caang keur dunia ilmu pengetahuan
harita. anjeuna anu handap asor, anu konsisten, tur
anu gede kawani mun dina masalah kayakinan anu
dicekelna, geus ngailhaman loba intelektual yen tugas
maranehma lain nyasarkeun rahayat anu maca hasil olah
intelektualna, tapi justru kudu mere jalan supaya
rahayat manggihan bebeneran.
ngan memang sikep kieu teh lain tanpa resiko. malah
anu boga kakawasaan mah teu resep. buktina Socrates
dihukum kudu nginum racun.
dina salah sahiji dialog antara pangadilan harita
jeung manehna, aya obrolan anu (ceuk
kuring)pikatajieun :
Hakim: Naon anu geus dilakukeun ku Socrates sahingga
manehna kudu dihukum
Penggugat (pamarentah waktu harita): Socrates geus
nyieun kakacowan di ieu nagri,manehna geus
mangaruhanan nonoman-nonoman ieu nagri sahingga geus
nyababkeun chaos tur ayana instabilitas...jrrd.
HAkim: bener eta teh?
Scorates: Paduka Hakim, anu dilakukeun ku kuring ka
saha wae ngan nanya: kunaon bet kitu? ku naon bet bisa
kitu? ku naon heunteu kieu? kumaha lamu kitu? Kumaha
mun kieu? jsb...
Balik deui ka Yusuf anu jadi inti wadulan urang tea.
Yusuf, sok sanajan cenah manehna teh ngabogaan
pamenteu anu kacida kasepna, tapi kajujurana anu
nyababkeun anjeuna kenging darajat luhur. Kajujuran di
mana? Jeung nalika naon? conto: nalika manehna deuk
diajak ngalakukeun pagawean maksiat. Yusuf jujur yen
anu kitu teh teu menang. nalika dipenta tafsir ngenaan
mimpi, Yusuf nerangkeun saujratna.
Ken we Yusuf. urang ngawadul anu kasaksian poe ieu:
Ratusan anggota DPR (lolobana anu katohyan mah DPRD
II) disangka salaku palaku2 korup. malah sababaraha
urang geus diabuskeun ka asrama pordeo.
cing kila-kila naon anu kieu? Ceuk kuring, sacara
gampang tur sederhana mah urang geus ngarubuhkeun
salah sahiji tihang anu pang pentingna dina ngawangun
hiji bangsa: kajujuran.
mun maranehna dek jujur, pasti teu kudu kokorowot siga
beurit di goah tempat pare. mun maranehna jujur, pasti
teu kudu aya kajadian kitu.
cenah, naon anu ayeuna katenjo teh ngan siga penomena
gunung es. aya anu lewih gede deui, nyaeta anu teu
katinggali, teu katohyan, atawa memang ulah katohyan,
atwa urang embung nohyan sabab aya dina bagean sistim
eta. cing leres teu?
cag,
tantan
__________________________________
Do you Yahoo!?
New and Improved Yahoo! Mail - 100MB free storage!
http://promotions.yahoo.com/new_mail
------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~-->
Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar.
Now with Pop-Up Blocker. Get it for free!
http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~->
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/