Punten, ua. nembe lebet ka ieu warung, tuda kamari ieu teu raraos patuangan janten kawarungna nembe ayeuna.
Abdi gaduh kenalan di Surabaya namina pak Wachid, anjeuna anom keneh tapi pangalamanana luas pisan, dicobian di hubungi heula di no hp 62818392964, da kamari oge abdi telepon ka anjeuna waktos teu damang patuangan....Mudah2an jodona, ibu rama abdi kantos dibantun ka surabaya, pas kaleresan ka surabaya....
haturan, ua...

Siddik Wiradireja <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Para wargi manawi aya anu tiasa maparin pitulung atanapi bongbolongan,
sim abdi gaduh bibi yuswana kirang 55 ~ 60 taun, ngawitan sasih Maret 2004, teu damang teras dicandak ka rumah sakit di Bandung, diparios, saur dokter panyawatna
panyawat gula/diabetes sareng ginjal, upami nuju karaos panas dugika 40 darajat.
Tingawitan harita pulang anting karumah sakit, sabaraha dinten dibumi, saminggon dua minggon opname, mulih deui sababaraha dinten dibumi opname deui kitu sareng kitu bae dugika ayeuna, tadi (malem Jumaah) tadi telepon kabumina di Cianjur suwung, telepon ka putrana di Bandung, saur pun paman nembe wangsul ti RS Hasan Sadikin opname kenging 10 dinten.
Ayeuna pun paman parantos "beak dengkak" pangobatan alternatif oge tos rupi-rupi di cobi kaditu kadieu, upami aya anu nuduhkeun.
Manawi aya diantawis para wargi aya anu gaduh pangalaman sapertos kitu, nguping, terang pangobatan/landong kanggo panyawat sapertos kitu, sim abdi neda sih piwelasna, kersa ngawartosan.
Langkung tipayun timpah hatur nuhun sateu acanna.
 
Pihatur
 
SSw 


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Do you Yahoo!?
Win 1 of 4,000 free domain names from Yahoo! Enter now.

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke