heuheuheu...
uingmah dicaringin tilu inget teh keur maok jagong weee.... da ti Caringin tilu teh leumpang wae nepikeun ka Cimenyan..  niatmah rek neangan manuk, mawa bedil hiji ari kantong rangsel nepikeun ka tilu galalede.. meunang manuk ngan 11 siki, meunang jagong nepikeun ka tilu kantong rangseul... aya anu nanya kenging jagong timana? ti kebon aki... teuing aki sahanamah.. heuheuheuheu...
 
di Caringin tilu oge, preman anu sok ulin di daerah uing, tiwas dikoroyok ku MAssa didinya, cenahmah maok tangkal Bonsai.. babaturannamah koma sababaraha Minggu.. dikuburkeun di TPU Pahlawan, diguyur ku cai whiskey, Ortu, jeung Arput.... ku babaturannana, majarkeun penghormatan terakhir nginum bareng jeung ngagele bareng...
 
Oge, saprak ulin ti Caringin tilu, dua bulan deui rek ka ujian, uing mulai boga niat tobat, moal deui make barang haram... da sarua hampir paeh dikoroyok preman didinya, hampir kapanggih ku kolot, pedah balik gedeg keneh... beu rieur uing baheula... di imah disebutkeun anak anu Bungsu oge teu kapangaruhan ku lingkungan, cicing wae diimah teu aya anu bangor... padahalmah.. deuh Hampura Mah, Pa...
 
Beuki kadieu beuki ngarasa gede dosa kanu jadi kolot, meureun pedah ayeuna uing geus jadi kolot ti hiji budak... meureun.. teuing bener bener eling teuing... ah teuing...
 
mun masalah neangan gantina putri Kartini??? tah jawabannana.. eta teh neangan cara kumaha meh rajin ka tempat gawe, betah di pagawean bari bisa gegelehean... heuheuheuheu...
 
cag ahhh.... jadi ingeut ka simanehna euy... nalipung ahh.. cenah manehannana geus di Jkt ayeuna, neangan gawe diditu....
-----Original Message-----
From: Kenzi [mailto:[EMAIL PROTECTED]
Sent: Monday, September 06, 2004 2:46 PM
To: [EMAIL PROTECTED]
Subject: Re: [Urang Sunda] RE: [gankleboy] bubur Mang Ajo

kutan caringin tilu teh masih rame nya..??
kapungkur we abdi mah pami gerak jalan sareng pun bapa sok ka caringin tilu,
resep ningalan kota bandung ti luhur, tapi kapungkur naha abdi tara ningalan nu aricalan siga kitu nya,
aya teh nu aricalan biasa we sabangsaning kainuman biasa....
 
Panzi
*Nineung ka caringin tilu...


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke