|
Salami abdi gabung di ieu milis...
can pernah ningal poto kuncen#5 euy.... komo
bungkeuleukanana mah,
kamari ampir panggih di kp. rambutan, ngadon
ngabiur tiheula ka garut da cenah sieun sina mangangkatkeun koper
uing,
sok atuh kirimkeun potona kamilis, tiasa poto
nyalira atawa sareng istrina (pami tos gaduh),
atawa poto sareng calon istrina...
hehehe...
Panzi
*Sarius ieu mah... bisi panggih dijalan... meureun
bisa dipenta tulungna... hehehe..
----- Original Message -----
Sent: Tuesday, September 21, 2004 3:44
PM
Subject: [Urang Sunda] perkara lampiran +
sejenna
Baraya, sakumaha anu tos sababaraha kali diuningakeun di
ieu milis, lampiran (attachment) ngarupakeun perkara anu kadang ngundang
piributeun. Baheula, nu protes teh gara2 ayana lampiran nu ngamacetkeun
nalika nga-donlod (download maksudna mah), utamana pikeun baraya nu muka
surelek di bumi, sanes di kantor, nu aksesna masih keneh lambat. Akibat
tina hal ieu, moal kamana deui losna, tangtu kana ongkos akses nu
nambahan. Tah ku kituna, neda tawakup ka sadayana, nyungkeun kasadaranana,
supados gambar/foto/koropak (file) nu sakintenna teu aya
kaperyogian/patalina sareng tujuan ieu milis, teu kedah dikintunkeun ka
milis. Perkawis fotograf baraya, eta mah diwenangkeun, da dina raraga
silih pikawanoh tea, ngarah pada apal. Eta ge asal ukuran koropakna teu
badag teuing, saena dirobih kana format koropak nu basajan kayaning
JPG/GIF (kanggo gambar), atanapi karungan (lebetkeun kana zip) bae
sakantenan.
Perkawis nu kaleungitan budak, sakadar ngemutan, aya
hal-hal nu sipatna pribadi nu teu peryogi diuar-uar ka luar, iwal dina
raraga nu tadi kasebat tea, wawanohan. Komo ieu mah, bilih nyigeung batur,
kedah ngemut sateuacanna dikintun, sanaos maksadna mung ukur banyol.
Sakitu nu kapihatur, hapunten anu kasuhun.
Aeh, hiji deui!
Simkuring pribadi neda hapunten ka sadayana, utamina ka nu parantos
ngeusian angket ti simkuring tea, rehna simkuring teu ngabales hiji-hiji
surelek ti saderek sadaya, mung tiasa nganuhunkeun bae. Ka nu teu acan
ngeusian angket/formulir, mangga diantos pisan...
k#5
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
| Yahoo! Groups Sponsor |
ADVERTISEMENT
![click here]() | |
![]() |
Yahoo! Groups Links
|