Keom I
Si Ibro ujug ujug nyeuleuweung basa ningali baturna keur sing kecewis ngaromong.
" Paingan daun ceuli dewek panas, da keur ngomongkeun dewek nya!" ceuk si Ibro muncereng.
" Saha nu keur ngomongkeun silaing, dewek mah keur ngomongkeun Casingkem anu salamet tina sandra!" tembal baturna.
" Geuning daun ceuli dewek panas euy ?!"
" Nya teu karasa kitu, eta kuntung roko hurung keneh nyelap dina ceuli silaing !"
 
Keom II
Dirun reueus pisan jadi urang sunda, komo basa aya beja ditempat gawena nek diwajibkeun ngomong sunda saban poe senen.
" Kuring satuju euy, mun bisa mah unggal poe we ngaromong sunda dikantor teh !" ceuk Dirun ka baturna.
" Wah.. poe senen ge duka teuing, praktekna mah boa digugu boa henteu !" tembal baturna rada cangcaya.
" Mangkana turutan kulawarga kuring, sapopoe make basa sunda !"
" Bener eta teh euy ?" ceuk baturna teu weleh cangcaya
" Teu percaya mah indit we ka imah kuring !" Dirun satengah nantang.
 
Hiji mangsa baturna ngahaja ulin ka imah Dirun, atuh puguh we dibageakeun, tur susuguh meuni langsung sur sor. Keur uplek ngobrol anak Dirun anu karek lima taunan nyampeurkeun, pok ngomong.
" Pah..papah katanya dede mau dibeliin hadiah !" ceuk anakna nagih. Ngadenge anakna ngomong mamalayuan, Dirun balaham belehem, ari baturna mah ngan ukur mesem.
" Ssst..naha geuning bet nyarios kitu ?" ceuk Dirun bari ngicepan anakna mere isarat.
" Emang ngak boleh...bapak lupa yah ini kan hari Selasa, bukan hari Senin pah !" tembalna./SR


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke