|
Meuli
Baju
Hiji mangsa ceu Odah ulin ka mol, terus asup ka
salasahiji dept.store. Biasana meuli bajuna cukup dipasar atawa
dikakilima. Barang sup teh ceu Odah, rampang reumpeung lantaran ningali
model model baju ampir kabeh dipikabogoh.
" Milarian model kumaha ?" ceuk
palayan, basa ningali ceu Odah anu keur milihan baju bari satengah diacak
acak.
" Puguh nuju milarian nu bandrolna 15 rebuan tapi
teu aya geuning !"
Copet
" Mangga...ibu ibu..bapa..bapa..teteh akang
akang...ieu barang asli ex-impor tilas artis holliwood, tah ieu kolor
tilas Arnold Swarzeneger, nu ieu beha ukuran 36B asli tilas Britney
Spears, atuh nu ieu kacamata cengdem tilas Stevie Wonder...sok mangga
garaleuhan, meungpeung keur diskon 50%!" ceuk tukang dagang baju loakan,
gogorowokan bari ngalung ngalungkeun daganganana. Teu kungsi lila aya jalma luha
loho siga aya nu diteangan.
" Milarian naon kang? tah ieu aya gesper
tilas Silverter Stallone kumplit sareng isimna...sok dimirahkeun!"
" Lain neangan nu kitu patut dewek mah euy, tapi
keur neangan dompet !" ceuk eta jalma, bari sakilat ngodok dompet anu aya
gigireunana.
" Copet...copeeeetttttt !" nu kacopetan
ngagorowok.
Diajar
Ngagambar
" Ade..ade..ayeuna giliran ngagambar bebas !"
ceuk guru TK ka murid-muridna.
" Horeeeeeee.....horeeeeeee...horeeeee!" tembal
murid atoh.
" Adi nuju ngagambar naon ieu teh ?" tanya
buguru
" Ngagambar kapal Bu!"
tembalna
" Ari Nia ieu nuju ngagambar naon monyet lain
lutung lain, gambar naon nu saleresna ieu teh?" ceuk buguru bari nyidik nyidik
gambar anu keur digambar ku Nia.
" Nuju ngagambar Ibu !" tembal Nia bari keom. Bu
guru langsung jamedud./SR
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
|
- RE: [Urang Sunda]Apa sidik Siddik Wiradireja
- RE: [Urang Sunda]Apa sidik Nety Martin
- RE: [Urang Sunda]Apa sidik teh tien
- RE: [Urang Sunda]Apa sidik Nety Martin
- [Urang Sunda] Good pagi, selamat morn Riyadi Syahardani
- Re: [Urang Sunda] Good pagi, selamat morn Siddik Wiradireja
- Re: [Urang Sunda] Good pagi, selamat mo... Riyadi Syahardani
- Re: [Urang Sunda] Good pagi, selam... Tito Suryana
- Re: [Urang Sunda] Good pagi, selamat morn joko tingkir
- [Urang Sunda] KEOM sakedap syam ridwan
- RE: [Urang Sunda] KEOM sakedap syam ridwan
- RE: [Urang Sunda] KEOM sakedap Cecep Wahyu
- Re: [Urang Sunda] KEOM sakedap syam ridwan
- [Urang Sunda] KEOM sakedap syam ridwan

