Sterotype urang sunda teh kieu cenah:

Lalaki:
Pangedulan, tukang kawin/tukang nyandung, cunihin,
araroces, tukang nyalindung ka gelung, jeung kurang
tanggung jawab.

Awewe:
Teu bisa ngurus budak, gawena ngan ngageulis jeung
ngaluis bae, ngedul, dahar hayang ngeunah jeung hayang
hade pamake, lenger sok ngiceupan salaki batur, jeng
kurang perjuloangan.

Alo kuring meunangkeun lalaki Jawa ti Solo, cenah
bangsawan, alo kuring titolak sapajodogan, nepikeun
kadipegat waris jeung teu meunang nete ka imah
mitohana bakat ku embung boga minantu awewe urang
Sunda. Ku alo kuring dibuktikeun yen awewe sunda
henteu kitu kabeh, ayeuna manehna jadi minantu awewe
anu pangdipikanyaahna, pangdiogona ku sakadang
mitohana teh.

KangYa
Tungtung Seoul

--- Ani Puspita <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> Kurarasaan teh asa can lila, basa hiji wanoja curhat
> ka kuring ngeunaan
> jalan hirup manehna jeung bebenena. Katinggal pisan
> kasedih tinu soca
> anjeuna, oge kuring bisa ngarasakeun tunggara hate
> manehna. Ceuk cenah,
> manehna keur ruwet pipikaran na kusabab sepuhna teu
> ridho ka calon carogena
> nu asalna ti Sunda, ceuk cenah meunang kawin jeung
> seler mana wae ngan
> ENTONG jeung urang sunda. Bari cumalimba anjeuna
> nanya, "Ada apa dengan
> orang Sunda ya, nie ?" kitu ceunah ceuk wanoja
> babaturan kuring nu asalna ti
> Palembang.
> 
> Kamari, aya meureun tilu minggu kaliwat mah,
> babaturan uing nu geulis tur
> camperenik asli seler Sunda asalna ti Sukabumi, ngan
> umur manehna jeung uing
> beda tilu taun kolotan manehna. Si teteh sok nyebut
> "eneng" ka uing teh.
> Hiji mangsa manehna curhat, neng kamari si "Akhi"
> (Aa, red) tos masihan
> kaputusan saurna teh kieu "Ibuku kurang setuju jika
> calon mantunya berasal
> dari Suku sunda". Gubrakhhhh......!! uing ngilu
> nyeuri hate, ku katunggara
> anjeuna. Basa kuring ngadenga si teteh "Ta'aruf"
> (wawanohan nu serius) jeung
> si MAS Urang Jawa, kuring ngilu bungah, ayeuna
> kuring ngilu sedih. Sanajan
> teu nyaho juntrungna kumaha, nu jelas tergantung ka
> Usaha maranehna jeung
> pitulung ti Alloh nu bakal ngahijikeun si teteh
> jeung si Mas-na, keur
> ngalengkah ka bale Nyungcung.
> 
> Saminggu nu katukang, kuring nampa hiji nonoman, nu
> ngajak Ta'arufan.
> Ngobrol ngaler ngidul, diskusi neang solusi nepi ka
> heureuy seuseurian.
> Intina kuring jeung manehna "Cocok" kitu deui
> manehna ka uing. Ngan
> hanjakalna teh, aya jungkrang nu rada lewang basa
> manehna wakca keur ngolo
> indungna supaya narima kuring jadi minantu di
> kulawargana, da cek cenah
> indungna mundut "mun bisa pamajikan teh tong ka
> Urang Sunda". Kitu cenah
> ceuk ibuna akhi uing nu asalna ti jawa timur.
> 
> Tilu kasus, salah sahijina kuring nu ngalaman.
> Akhirna uing mere kaputusan
> "mungpung cinta can nyaliara, mungpung tresna acan
> aya, karek suka lamun
> keur urang bruk-brak, mending salira tumut ka Ibu.
> Sok bilih janten mantak
> doraka tea namina upami teu tumut kanu janten Ibu."
> Kuring teu nolak henteu
> oge narima mung pasrah ka Alloh nu ngersakeun
> sadayana. 
> 
> Naha aya nu terang, Aya naon jeung Urang Sunda ?
> Mugia ieu kasus ngan ka alaman ku kuring tiluan !!
> 
> 
> neng an
> *ngagaurna maung tara ngabedakeun seler, kabeh
> ciptaan Alloh nu kumplit ku
> kakurang jeung kaleuwih.
> 
> 
> 


__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail.yahoo.com 


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
$9.95 domain names from Yahoo!. Register anything.
http://us.click.yahoo.com/J8kdrA/y20IAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke