Panuju pisan.
-Na2ng

--- In [EMAIL PROTECTED], "waluya56" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Ari ceuk pamendak sim kuring mah, kieu Kang Hasan, kulantaran 
wanoja 
> sunda mah tiasa dina melaan/ ngalayanan kahayang salaki, nepi ka 
> salakina teh betah jeung "poho" teu inget ka lemburna jeung kadulur-
> dulurna. Geus tangtu we  kolot jeung dulur-dulur salakina teh 
> jadi "timburuan" pajarkeun teh dipelet ku awewe sunda, padahal 
dulur 
> manehna teh disenangkeun malah. Sabenerna mah timburuna pihak kolot 
> jeung dulur salaki ka pihak pamajikan teh henteu aneh, ngan dina 
> kasus benten etnis (suku) janten mamawa etnis. Ditambih deuih 
> ku "banjirna" kaum migran ka Tatar Sunda, nu nyababkeun beuki loba 
> wae lalaki ti etnis sejen kapincut ku urang Sunda.
> 
> Kasus bela ka salaki nepi ka "bebeakan" sapertos Ibu Inggit, 
> saleresna mah seueur di wanoja Sunda. Ngan kadang-kadang nu 
> ditingalina teh, aya lalaki ti etnis sejen anu sukses, boga 
> pamajikan urang sunda tepi ka poho ka dulur-dulurna. Ari lalaki ti 
> etnis sejen anu "kere" mah, nutur-nutur pamajikanana nepi ka 
> nganjrek di lembur pamajikanana, teu kasebut. Padahal eta teh 
seueur 
> pisan, jigana teh di unggal lembur di Jawa barat pasti aya lalaki 
ti 
> etnis sejen anu "nyalindung ka gelung" ka Wanoja Sunda!
> 
> =WALUYA=
> 
> 
> 
> --- In [EMAIL PROTECTED], mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> > upama ditarik ka tukang. jigana stereotif jiga kieu teh aya 
patula-
> patalina sareng hubungan sunda-jawa jaman baheula. oemar kayam 
> pernah ngabahas, kasang tukang kunaon urang jawa (yogya) kurang 
> resep kana lauk laut. padahal nagri urang teh nagri maritim. cenah 
> mah aya patalina jeung pacengkadan majapahit-sriwijaya. kulantaran 
> majapahit asor ku sriwijaya di laut jawa, para menak jawa 
nyiptakeun 
> gerakan model gerakan swadesi gandhi. ku jalan kitu produk laut 
> saolah-olah diboikot. cenah ceuk pramudya, mitos ratu laut 
lorokidul 
> oge aya patalina jeung ieu gerakan.
> >



------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
$9.95 domain names from Yahoo!. Register anything.
http://us.click.yahoo.com/J8kdrA/y20IAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke