Sabar geulis....., ari namina "sanes Jodo" sok aya bae alesan/panghalang, anu saur pangemut urang mah teu pira.
Sami sareng pati, cobi bae ; Jalmi dedeg sembada saur dokter 100 % sehat, namung upami Allah tos ngersakeun mah, apan maotna rupi-rupi alatanana, aya ku rajapati aya ku kacilakaan.
Janten eta sadayana kajantenan taya sanes mung "henteu jodo", ulah ninggal ayeuna teu kasatujuan kupara sepuhna (margi matak sedih ngemutkeun nasib), namung urang bandungan rusiah naon anu aya dina eta teu kapanujuan pihak kulawargi pameget, insya
Allah kapayun tiasa kasaksian :"naon margina ??".
Sakali deui sing sabar, bari tawekal masrahkeun sadayan ka MantenNa.
Pihatur
SSW
Ani Puspita <[EMAIL PROTECTED]> wrote
Kurarasaan teh asa can lila, basa hiji wanoja curhat ka kuring ngeunaan jalan hirup manehna jeung bebenena. Katinggal pisan kasedih tinu soca anjeuna, oge kuring bisa ngarasakeun tunggara hate manehna. Ceuk cenah, manehna keur ruwet pipikaran na kusabab sepuhna teu ridho ka calon carogena nu asalna ti Sunda, ceuk cenah meunang kawin jeung seler mana wae ngan ENTONG jeung urang sunda. Bari cumalimba anjeuna nanya, "Ada apa dengan
orang Sunda ya, nie ?" kitu ceunah ceuk wanoja babaturan kuring nu asalna ti Palembang.
Kamari, aya meureun tilu minggu kaliwat mah, babaturan uing nu geulis tur camperenik asli seler Sunda asalna ti Sukabumi, ngan umur manehna jeung uing beda tilu taun kolotan manehna. Si teteh sok nyebut "eneng" ka uing teh.
Hiji mangsa manehna curhat, neng kamari si "Akhi" (Aa, red) tos masihan kaputusan saurna teh kieu "Ibuku kurang setuju jika calon mantunya berasal dari Suku sunda".

Gubrakhhhh......!! uing ngilu nyeuri hate, ku katunggara
anjeuna. Basa kuring ngadenga si teteh "Ta'aruf" (wawanohan nu serius) jeung si MAS Urang Jawa, kuring ngilu bungah, ayeuna kuring ngilu sedih.

Sanajan teu nyaho juntrungna kumaha, nu jelas tergantung ka Usaha maranehna jeung pitulung ti Alloh nu bakal ngahijikeun si teteh jeung si Mas-na, keur ngalengkah ka bale Nyungcung.
Saminggu nu katukang, kuring nampa hiji nonoman, nu ngajak Ta'arufan.
Ngobrol ngaler ngidul, diskusi neang solusi nepi ka heureuy seuseurian.
Intina kuring jeung manehna "Cocok" kitu deui manehna ka uing. Ngan hanjakalna teh, aya jungkrang nu rada lewang basa manehna wakca keur ngolo indungna supaya narima kuring jadi minantu di kulawargana, da cek cenah indungna mundut "mun bisa pamajikan teh tong ka Urang Sunda".

Kitu cenah ceuk ibuna akhi uing nu asalna ti jawa timur.
Tilu kasus, salah sahijina kuring nu ngalaman. Akhirna uing mere kaputusan "mungpung cinta can nyaliara, mungpung tresna acan aya, karek suka lamun keur urang bruk-brak, mending salira tumut ka Ibu. Sok bilih janten mantak doraka tea namina upami teu tumut kanu janten Ibu."

Kuring teu nolak henteu oge narima mung pasrah ka Alloh nu ngersakeun sadayana.
Naha aya nu terang, Aya naon jeung Urang Sunda ?
Mugia ieu kasus ngan ka alaman ku kuring tiluan !!
neng an
*ngagaurna maung tara ngabedakeun seler, kabeh ciptaan Alloh nu kumplit ku kakurang jeung kaleuwih.

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
| Yahoo! Groups Sponsor | |
|
|
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.