Saleresna hoyong ngadongeng nu serius, ngan bet jadi emut kang Mang 
Adma (duka aya keneh, duka tos teu aya) tukang gedang tea, nu soak 
ningali bumi tatanggana diancurkeun kunu nyerebu. Duka saha eta nu 
ngamobilisasi jalma nu sakitu reana nyerebu bumina Mang S, tokoh 
PKI, nu jelas nu nyerebu sanes para tatanggana. Cenah mah, Mang S 
teh akhirna dilindungi ku Mama Ajengan (tokoh di lembur kuring) dugi 
ka henteu dinanaon/dirogahala.

Dongeng soal PKI, sok ras ka babaturan sabangku keur di SMP, nu 
neruskeun sarua ka SMA Sumedang, ngan kuring asup ka Paspal ari 
manehna mah ka SosBud. Kuring neruskeun ka ITB, si N mah neruskeun 
ka UNPAD. Pleng lila teu papanggih, ngan ngadenge beja we si N teh 
geus kawin jeung batur salemburna. Terus ngadenge beja deui cenah 
manehna teh aya wae dilembur sanajan geus lulus oge. Kuring rada 
kaget, kulantaran manehna teh lulusan akuntasi nu di taun 1980'an 
mah kaasup gampang dina neangan gawe. Ari pek teh cenah kulantaran 
pamajikanana teh anak tokoh PKI!, jadi kamana-mana euweuh nu daek 
narima digawe. Ngadenge beja kitu kuring ngahuleng ....... nya 
kacida-cida teuing.

Tapi basa reuni di SMA, kuring papanggih jeung "N", manehna mani 
ngarontok ka kuring, bakating ku sono, manehna ayeuna mah teu leupas 
ti kopeah. Terus nyaritakeun manehna ayeuna mah cenah di jakarta, 
digawe ngajar di perguruan Tinggi. Kuring ngilu atoh, mudah-mudahan 
kahareup mah ulah aya deui jelema di blacklist lain kulantaran 
akibat pagawean manehna.

WALUYA


--- In [EMAIL PROTECTED], "Ina Ratnawulan" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> hihihi.. sugan teh dongeng PKI anu pikasieuneun... boro tos serius 
siga maca
> PSPB basa di SD.
> hatur nuhun kang, dongengna...
> 
> ~ina
> ----- Original Message -----
> From: "waluya56" <[EMAIL PROTECTED]>
> To: <[EMAIL PROTECTED]>
> Sent: Friday, October 01, 2004 11:20 AM
> Subject: [Urang Sunda] Leungeun Mang Adma jadi Lilinieun Re: PKI
> 
> 
> 




------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar.
Now with Pop-Up Blocker. Get it for free!
http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke