Assalamu'alaikum wr wb.
Haturan baraya,
Sim kuring maos seratan Kang Dien,... asa-asa sapamahaman...
Maksad teh... rupina diperyogikeun "penjelasan" perkawis: naon sareng saha wae anggota Kusnet (anggota milist urangsunda), sareng naha otomatis anggota ieu milist teh janten "pangrojong" (upami henteu lepat, dina undang-undang Yayasan henteu aya anu disebat anggota Yayasan) Yayasan Perceka.
Upami memang "otomatis" kitu, rupina peryogi diuningakeun ka para wargi anu maksad bade ngagabung di ieu milist, misalna wae, dina kintunan panampian ti kuncen oge dilampirkeun katangtosan ieu... janten anu maksad bade gabung parantoas maklum kumaha aturan sareng sareng konsekuensina ngagabung di milist ieu.
Namung... upamina memang henteu otomis sapertos anu kasebat di luhur, rupina bae aya saena didamel jalan kaluarna, misalna bae: kanggo media anu anggota milistna otomatis janten pangrojong Yayasan Perceka gaduh alamat milist nyalira; lajeng, alamat milist sanesna didamel kanggo janten media komunikasi antar warga sunda... anu henteu aya patalina langsung sareng programna ti Yayasan Perceka.
Atanapi... cobi bae di"poolling" ka para wargi anggota ieu milist, kumaha pamendakna (upami henteu lepat, saurna anggota ieu milist teh tos bade 600-an jalmi, namung cobi bae tinggali, mung kirang ti satengahna anu ngalebetkeun data-na .. tah tina perkawis ieu oge.. mungkin parantos kagambarkeun.. kumaha tingkat perhatosan sareng saterasna...
Anu karaos ku sim kuring...
Sim kuring gaduh maksad hoyong ulubiung dina ieu milist kanggo "InsyaAllah' ngiring ngamajengkeun tatar Sunda sareng media silaturahmi sareng papada US. 
Namung... kadang kaemut, upami teras ngaaktifkeun ieu alamat milist, (punten, ku waktos sareng fasilitas sim kuring anu terbatas) kadang aya jorojoy emutan hoyong nga-henteu aktifkeun ieu milist.  Kumargi... upami henteu muka ieu alamat sababaraha dinten wae, uluh.. mani ngaratus malih tiasa ngarebu geuningan kintunan serelek anu lebet....
 
Hapunten anu kasuhun....
Wassalamu'alaikum wr wb.
Ahmad Junaedi


Didin Kustandi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

KUSNET, YAYASAN PERCEKA, JEUNG URANG SUNDA (1)

 


Do you Yahoo!?
Yahoo! Mail Address AutoComplete - You start. We finish.

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke